bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Hosea 8
Hosea 8
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 7
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 9 →
1
PANGERAN ngandika, ”Sadakeun tangara! Musuh geus narajang nagri Kami saperti heulang nyuruwuk! Umat Kami geus megatkeun perjangjian antara Kami jeung maranehna jeung ngalawan pangajaran Kami.
2
Sanajan maranehna nyarebut Kami teh Allahna, jeung ngarakukeun yen maranehna teh umat anu warawuh ka Kami,
3
tapi maranehna arembung narima hal-hal anu hade. Ku sabab kitu maranehna baris diudag-udag ku musuh.
4
Umat Kami milih raja-rajana, tapi nurutkeun pamilihna sorangan bae. Ngangkat para pamingpinna, tapi teu marenta mupakat Kami heula. Maranehna nyarokot perakna jeung emasna dijarieunan arca brahala, jalan picilakaeunana sorangan.
5
Kami ijid kana arca sapi emas anu disarembah ku urang Samaria. Kacida Kami ambekna ka urang dinya. Iraha rek areureunna nyararembah ka arca teh?
6
Eta arca teh beunang nyieun hiji tukang, urang Israil, sama sakali lain Allah! Eta arca sapi emas anu disarembah di Samaria teh bakal dibantingkeun nepi ka bubuk!
7
Umat Kami tebar angin, bakal panen angin topan! Gandum di kebonna moal arasak, moal mere hasil pikeun dijieun roti. Sanajan bisa asak ge bakal beak dihakan ku bangsa sejen.
8
Israil geus jadi saperti bangsa-bangsa lian bae, jeung geus euweuh gunana kawas pariuk nu geus remuk.
9
Bedegong, kawas kalde leuweung, marawa karep sorangan. Maranehna arindit nyaluuh ka Asur menta pitulung, sarta mayar ka bangsa-bangsa sejen menta ditangtayungan.
10
Tapi ku Kami rek buru-buru dirampid sina ngumpul, rek dihukum. Moal lila deui maranehna bakal pupurilitan bakating ku ngarasa nyeri digencet ku raja Asur.
11
Beuki loba urang Israil nyarieunan altar anu maksudna keur ngalebur dosa, malah jadi beuki loba tempat geusan maranehna nyieun dosa.
12
Kami geus loba pisan nulis pangajaran keur maranehna, tapi ditarolak, disebutkeun pangajaran aneh tur asing.
13
Maranehna mere kurban ka Kami, sarta ngahakan daging eta kurban. Tapi Kami, PANGERAN, teu resep ka maranehna. Ayeuna dosa-dosana ku Kami rek diinget-inget sarta maranehna rek dihukum. Ku Kami rek dipulangkeun deui ka Mesir!
14
Urang Israil nyarieunan karaton, tapi mopohokeun ka Khalikna. Urang Yuda nyarieunan kota-kota benteng. Tapi Kami rek ngadatangkeun seuneu sina ngaduruk karaton-karaton jeung kota-kota maranehna.”
← Chapter 7
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 9 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14