bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Hosea 14
Hosea 14
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 13
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
1
Eh urang Israil, geura baralik deui ka PANGERAN, Allah maraneh. Maraneh geus tisoledat jeung tibeubeut ku dosa sorangan.
2
Geura tarobat ka PANGERAN, sarta ieu paneda ku maraneh unjukkeun ka Mantenna, ”Mugi hapunten samudaya kalepatan abdi sadaya, sareng ieu paneda mugi ditampi. Abdi-abdi sumeja muji ka Gusti, sakumaha jangji abdi-abdi kapungkur.
3
Urang Asur teu tiasaeun nyalametkeun, kuda tempur teu tiasa ngabelaan. Moal deui-deui abdi sadaya nyebatkeun yen arca-arca brahala teh Allah abdi-abdi. Nun PANGERAN, mugi kersa mikawelas ka sakur nu parantos teu gaduh saha-saha kangge pamuntangan.”
4
PANGERAN ngandika, ”Kami rek nyokot umat Kami sina baralik, baris dipikaasih saiklas-iklasna, amarah Kami ka maranehna geus leler.
5
Kami ka urang Israil baris jadi saperti hujan ka tanah nu garing. Maranehna bakal mekar cara kembang beukah, bakal teguh kuat akarna, saperti tatangkalan di Libanon.
6
Hirupna baris mulus sarta mekar, tur endah saperti tangkal jetun, bakal seungit ngadalingding, saperti tangkal kiputri Libanon.
7
Hirupna baris aya deui dina pangraksa Kami, bakal mukti saperti gandum paneneun, leubeut buahna saperti tangkal anggur di jero kebon. Maranehna bakal kasohor, sasohor anggur ti Libanon.
8
Urang Israil moal pakait deui jeung brahala-brahala, Kami anu baris ngajawab panyambatna, anu baris miarana, Kami nu jadi panyalindunganana, ngauban saperti tangkal nu daunna harejo sapapanjangna. Nya Kami anu jadi sumber berkah maranehna.”
9
Muga sakur nu bijaksana paham ka nu ditulis di dieu sarta nyimpen hal eta dina hatena. Jalan ti PANGERAN kabeh bener, sarta jalma nu bener lampahna naluturkeun eta jalan. Sabalikna nu daroraka bakal titarajong sarta lalabuh lantaran teu daek make eta jalan.
← Chapter 13
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14