bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Isaiah 22
Isaiah 22
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 21
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 53
Chapter 54
Chapter 55
Chapter 56
Chapter 57
Chapter 58
Chapter 59
Chapter 60
Chapter 61
Chapter 62
Chapter 63
Chapter 64
Chapter 65
Chapter 66
Chapter 23 →
1
Ieu pangandika perkara Lebak Tetenjoan. Aya naon pangeusi kota eak-eakan di unggal loteng?
2
Rame sakuliah kota, ear anu suka-suka. Dina ieu perang, prajurit-prajurit aranjeun paehna lain ku sabab kasambut jurit.
3
Pamingpin-pamingpin aranjeun lalumpatan, memeh bisa mentangkeun gondewa geus kacarerek.
4
Kaula tinggalkeun, rek nyeungceurikan dulur sabangsa anu geus tariwas. Kuring moal beunang diupahan.
5
Waktu ieu di Lebak Tetenjoan keur tagiwur, baringung jeung baluweng. Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, memang geus ngersakeun kitu ka urang. Kuta-kuta geus rarebah. Nu marenta tulung tingjarerit, kadenge ka pasir-pasir.
6
Balad Elam daratang tarumpak kuda, marawa gondewa jeung jamparing. Prajurit Kir geus siap tameng.
7
Lebak-lebak tanah Yuda anu lendo, pinuh ku kareta-kareta perang, serdadu musuh geus taki-taki dina kudana hareupeun gapura Yerusalem.
8
Pertahanan Yuda amburadul. Dina mangsa eta aranjeun ngunjalan pakarang ti gudang pakarang.
9
Aranjeun manggihan tempat-tempat di Yerusalem anu kutana omeaneun. Aranjeun mariksa ka unggal imah di Yerusalem, sawareh dirubuh-rubuhkeun, diarah batuna keur ngomean kuta. Pikeun sadiaan cai,
11
aranjeun nyieun kulah di jero kota, cai ti sumber nu heubeul dikocorkeun ka dinya. Tapi aranjeun teu malire ka Pangeran anu geus lila ngararancang eta sakabeh perkara, jeung anu ngalantarankeun eta kajadian.
12
Aranjeun geus diingetan ku Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, yen kudu careurik, kudu prihatin, kudu ngagarundulan sirah, kudu dibaraju karung.
13
Aranjeun malah sareuri, sukan-sukan, mareuncit domba jeung sapi, dagingna didalahar, ngarinum anggur. Ceuk aranjeun, ”Urang nyatu nginum sakarep-karep, isukan mah urang paraeh.”
14
Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, nimbalan kieu ka kaula, ”Dosa maraneh kitu teh saumur-umur ge moal dihampura. Kitu timbalan Kami, Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa.”
15
PANGERAN Nu Maha Kawasa, nimbalan ka kaula, miwarang nepungan Sibna kapala karaton, dipiwarang ngomong kieu:
16
”Ari anjeun pangrasa teh jadi naon? Hak ti mana anjeun natah cadas nu di lamping pasir keur kuburan sorangan?
17
Bisa jadi anjeun jelema penting, tapi ku PANGERAN bakal diranggeum tuluy dialungkeun.
18
Bakal dialungkeun cara bola ka hiji nagri anu leuwih gede. Bakal paeh di ditu, gigireun kareta-kareta perang anu ku anjeun sok dipiagul tea. Anjeun teh matak aeb ka kulawarga dunungan.
19
Ku PANGERAN bakal dipocot tina jabatan, digejretkeun tina pangkat luhur.”
20
Timbalan PANGERAN ka Sibna, ”Dina mangsa eta Kami rek ngutus abdi Kami Elyakim bin Hiskia.
21
Jubah kapangkatan maneh jeung beulitanana rek dipakekeun ka manehna. Kakawasaan anu eukeur dicekel ku maneh rek dipindahkeun ka manehna. Manehna bakal dipibapa ku urang Yerusalem jeung urang Yuda.
22
Rek dibere kawasa anu gembleng sahandapeun raja turunan Daud. Konci-konci karaton sina dicangking ku manehna. Nu geus muka ku manehna moal aya anu nutupkeun. Nu geus nutup ku manehna moal aya anu mukakeun.
23
Kalungguhanana bakal kukuh kawas paku nu geus jero nancebna, tur mawa unggah darajat kulawargana.
24
Tapi eta teh bakal dibeungbeuratan ku dulur-dulur jeung baraya-barayana, diparuntangan cara paku paranti ngait-ngaitkeun panci jeung sajabana.
25
Lamun hal eta geus kajadian, eta paku anu nancebna pageuh teh bakal coplok tuluy murag. Sakur anu ngarait ka dinya marilu ragrag.” Kitu pangandika PANGERAN.
← Chapter 21
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 53
Chapter 54
Chapter 55
Chapter 56
Chapter 57
Chapter 58
Chapter 59
Chapter 60
Chapter 61
Chapter 62
Chapter 63
Chapter 64
Chapter 65
Chapter 66
Chapter 23 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50
51
52
53
54
55
56
57
58
59
60
61
62
63
64
65
66