bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Isaiah 55
Isaiah 55
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 54
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 53
Chapter 54
Chapter 55
Chapter 56
Chapter 57
Chapter 58
Chapter 59
Chapter 60
Chapter 61
Chapter 62
Chapter 63
Chapter 64
Chapter 65
Chapter 66
Chapter 56 →
1
PANGERAN ngadawuh, ”Eh sakur nu halabhab, ka darieu, nginum! Anu henteu baroga duit, ka darieu, ieu dahareun dalahar, teu kudu mayar. Anggur jeung susu, teu kudu dibeuli.
2
Keur naon ngabalanjakeun duit ka nu henteu matak seubeuh? Keur naon meulikeun upah digawe, ari beuteung angger lapar? Ieu dawuhan Kami regepkeun! Tangtu maraneh bakal seubeuh ku dahareun nu panghadena.
3
Eh umat, ka darieu, hiap, tangtu maraneh hirup! Kami rek nyieun perjangjian langgeng jeung maraneh. Jeung kurnia Kami, anu bareto dijangjikeun ka Daud, bakal diserenkeun ka maraneh.
4
Manehna ku Kami dijenengkeun pamingpin, ngapalaan bangsa-bangsa. Ku jalan manehna, kakawasaan Kami dinyatakeun ka bangsa-bangsa.
5
Ayeuna maraneh bisa nyalukan bangsa-bangsa anu tacan wawuheun ka maraneh. Eta bangsa-bangsa bakal muru-muru ka maraneh. Hal eta rek dibuktikeun ku Kami, Allah maraneh, Allah Israil nu suci. Maraneh bakal mulya, bakal agung.”
6
Geura tarobat ka PANGERAN. Geura sasambat ka Mantenna anu geus deukeut.
7
Anu jarahat geura robah kalakuan, geura garanti pikiran. Geura tarobat ka Allah kaula. Mantenna sipat welas jeung hampuraan.
8
Dawuhana-Na, ”Pikiran Kami lain saperti pipikiran maraneh. Jalan Kami lain saperti jalan maraneh.
9
Sakitu luhurna langit ti bumi, sakitu jauhna jalan jeung pikiran Kami ti jalan jeung pipikiran maraneh.
10
Saperti ibun jeung hujan turun ti langit, maseuhan bumi, nuwuhkeun pepelakan, ngabijilkeun bibinihan jeung dahareun,
11
nya kitu pangandika anu kaluar ti Kami, moal gagal mawa tujuan pangersa Kami. Sagala pangersa Kami, ku eta tangtu dilaksanakeun.
12
Maraneh bakal marulang ti Babul bari garerah. Dituyun kaluar ti dinya kalawan salamet. Gunung-gunung, pasir-pasir, bakal ngarawih, tatangkalan emprak.
13
Rungkun cucuk diganti ku tangkal camara, tangkal cucuk diganti ku tangkal pacar walanda. Eta pikeun tanda anu langgeng, tanda titinggal hasil damel Kami, PANGERAN.”
← Chapter 54
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 53
Chapter 54
Chapter 55
Chapter 56
Chapter 57
Chapter 58
Chapter 59
Chapter 60
Chapter 61
Chapter 62
Chapter 63
Chapter 64
Chapter 65
Chapter 66
Chapter 56 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50
51
52
53
54
55
56
57
58
59
60
61
62
63
64
65
66