bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Isaiah 56
Isaiah 56
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 55
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 53
Chapter 54
Chapter 55
Chapter 56
Chapter 57
Chapter 58
Chapter 59
Chapter 60
Chapter 61
Chapter 62
Chapter 63
Chapter 64
Chapter 65
Chapter 66
Chapter 57 →
1
PANGERAN nimbalan ka umat-Na, ”Lampahkeun naon nu adil jeung bener. Sabab Kami tereh datang pikeun nyalametkeun maraneh.
2
Bagja anu tigin kana poe Sabat, anu henteu ngarempak eta, ku Kami tangtu diberkahan. Bagja anu henteu nyieun kagorengan.”
3
Urang asing anu milu ka umat PANGERAN, ulah boga rasa, ”Aing mah meureun moal diidinan ku PANGERAN milu ngabakti jeung umat-Na.” Jalma kabiri ulah boga pikir, yen moal kaasup umat Allah lantaran teu boga anak.
4
Ka jalma-jalma kabiri kieu dawuhan PANGERAN, ”Lamun maneh hormat ka Kami ku jalan ngestokeun poe Sabat, jeung ngalampahkeun perkara anu dipikasuka ku Kami sarta tigin kana perjangjian Kami,
5
ngaran maneh tan wande dipikainget di jero Bait Kami jeung di tengah umat Kami, tur leuwih langgeng ti batan anu baroga anak lalaki-awewe. Maneh moal kapopohokeun.”
6
Ka urang asing anu asup jadi umat Mantenna, anu tigin kana poe Sabat jeung pageuh kana perjangjian Mantenna, kieu dawuhan PANGERAN,
7
”Maneh ku Kami tangtu dibawa ka Sion, ka gunung Kami nu suci, dibere kabagjaan di gedong paranti neneda ka Kami, sarta kurban maraneh ka Kami dina altar tangtu ditarima. Bait Kami bakal disarebut gedong paranti neneda sagala bangsa.”
8
PANGERAN Nu Maha Agung, nu nyandak umat-Na mulang ti pangbuangan geus jangji, yen jalma-jalma bangsa asing oge tetep bakal dicandak; sina bareng jeung umat-Na.
9
PANGERAN bareto geus nimbalan supaya bangsa-bangsa sing saibarat sato-sato galak, sing ngalegleg ka umat Mantenna.
10
Dawuhana-Na, ”Pamingpin-pamingpin anu kudu mepelingan umat Kami teh lalolong! Taya kanyaho! Kawas anjing kedul, dititah ngajaga, ngagogog ge tara, gawena hees jeung ngimpi. Bareuki hees!
11
Jeung kawas anjing, sarakah euweuh seubeuhna. Eta para pamingpin teh teu ngarti naon-naon, ngan marentingkeun dirina bae, harayang untung sorangan.
12
ʼKadieukeun anggur,ʼ ceuk maranehna marabok, ʼurang nginum pupuasan. Isukan urang teruskeun deui leuwih ti kieu.ʼ ”
← Chapter 55
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 53
Chapter 54
Chapter 55
Chapter 56
Chapter 57
Chapter 58
Chapter 59
Chapter 60
Chapter 61
Chapter 62
Chapter 63
Chapter 64
Chapter 65
Chapter 66
Chapter 57 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50
51
52
53
54
55
56
57
58
59
60
61
62
63
64
65
66