bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Joshua 12
Joshua 12
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 11
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 13 →
1
Urang Israil geus bisa ngarebut jeung ngeusian tanah wetaneun Walungan Yordan, ti semet Lebak Arnon terus nonggoh ka Lebak Yordan, terus ka kaler jauhna nepi ka Gunung Hermon. Dua raja di dinya geus eleh ku maranehna.
2
Nu saurang ngaranna Sihon, raja urang Emor, marentahna di Hesbon. Karajaanana ngurung tanah Gilad sabeulah, mimiti ti Arur (di sisi Lebak Arnon) jeung ti kota anu aya di tengah eta lebak, jauhna nepi ka Walungan Yabok, anu jadi wates tanah Amon;
3
ngurung oge Lebak Yordan mimiti ti Talaga Galilea, terus ngidul ka Bet Yesimot (wetaneun Laut Paeh), terus ka suku Gunung Pisga.
4
Jeung geus ngelehkeun Raja Og ti Basan, turunan bangsa Repaim anu pangahirna, anu marentah di Astarot jeung Edrei.
5
Karajaanana ngurung Gunung Hermon, tanah Salka jeung satanah Basan, ngawates ka tanah Gesur jeung tanah Maaka, ngurung oge saparona tanah Gilad, nepi ka wates daerah Raja Sihon, di Hesbon.
6
Ieu dua raja geus dielehkeun ku Musa jeung urang Israil. Ari tanahna, ku Musa abdi PANGERAN tea, dibikeun ka kaom Rubin, ka kaom Gad jeung ka saparo kaom Menase, jadi milik maranehna.
7
Ari anu dielehkeun ku Yosua jeung bangsa Israil, nya eta sakabeh raja anu di kuloneun Walungan Yordan, ti Baal Gad di Lebak Libanon terus ka Gunung Bulistir di beulah kidul, deukeut tanah Edom. Tanahna ku Yosua dibikeun ka kaom-kaom Israil, dijadikeun milikna anu tetep.
8
Babagian eta tanah, ngurung anu di pagunungan, anu di suku gunung beulah kulon, anu di Lebak Yordan katut suku gunungna, anu di lamping-lamping beulah wetan, jeung tanah gundul di beulah kidul. Ieu wilayah teh urut urang Het, urang Emor, urang Kanaan, urang Pares, urang Hiwi jeung urang Yebus.
9
Raja-raja anu areleh ku urang Israil tea, nagri-nagrina nya eta: Yeriho, Ai (deukeut Betel),
10
Yerusalem, Hebron,
11
Yarmut, Lakis,
12
Eglon, Geser,
13
Debir, Geder,
14
Horma, Arad,
15
Libna, Adulam,
16
Makeda, Betel,
17
Tapua, Heper,
18
Apek, Lasaron,
19
Madon, Hasor,
20
Simron Maron, Aksap,
21
Taanak, Megido,
22
Kedes, Yoknam (di Karmel),
23
Dor (di basisir), Goyim (di Galilea),
24
jeung Tirsa. Kabehna tilu puluh hiji raja.
← Chapter 11
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 13 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24