bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Joshua 3
Joshua 3
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 2
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 4 →
1
Isukna rebun-rebun keneh Yosua katut bangsa Israil geus arindit ti Sitim muru ka Walungan Yordan, tuluy mareuting heula di dinya memeh mareuntas.
2
Sanggeus meunang tilu poe, para pamingpin ngideran pakemahan,
3
bari marentah kieu ka jalma-jalma, ”Lamun geus aya imam-imam anu ngagotong Peti Perjangjian PANGERAN Allah maraneh, buru-buru taluturkeun, tinggalkeun ieu pakemahan.
4
Maraneh can kungsi ka dieu, jadi nya aranjeunna nu jadi tuduh jalanna. Tapi ulah darareukeut kana Peti Perjangjian, kudu anggang kira-kira sakilometer.”
5
Yosua marentah kieu ka jalma-jalma, ”Maraneh kudu susuci, sabab isukan PANGERAN bakal mintonkeun mujijat-mujijat.”
6
Ari para imam diparentah arangkat ti heula bari ngagotong Peti Perjangjian. Seug dilalampahkeun.
7
Ngandika PANGERAN ka Yosua, ”Nu rek dipigawe ku Kami poe ieu, baris ngalantarankeun maneh dihormat-hormat sarta diagungkeun ku urang Israil, sarta ku maranehna baris katangen yen maneh disarengan ku Kami cara Musa.
8
Parentahkeun ka imam-imam anu ngagotong Peti Perjangjian, yen lamun geus narepi ka sisi Walungan Yordan kudu ancrub tuluy ngarandeg heula deukeut sisina.”
9
Geus kitu saur Yosua ka jalma-jalma, ”Ka darieu kumpul. Darengekeun pangandika PANGERAN Allah maraneh.
10
Engke maraneh bakal nyaraho yen Mantenna tan wande nyingkahkeun urang Kanaan, urang Het, urang Hiwi, urang Pares, urang Girgas, urang Emor jeung urang Yebus. Maraneh baris nyararaho yen disarengan ku Allah anu jumeneng,
11
samangsa Peti Perjangjian PANGERAN Gustining sajagat dibawa meuntasan Walungan Yordan heulaeun maraneh.
12
Ayeuna pilih dua belas jelema ti saban kaom Israil saurang-saurang.
13
Di mana para imam anu ngagotong Peti Perjangjian PANGERAN Gustining sajagat geus ngancrubkeun sukuna kana cai, Walungan Yordan moal bisa ngocor, ti beulah girang caina mendet jadi beungkak ngabadeden teu bisa laju.”
14
Harita teh keur usum dibuat, sarta eta walungan keur caah. Seug jalma-jalma teh arindit ti pakemahan rek mareuntas ka Walungan Yordan, para imam sina ti heula ngagotong Peti Perjangjian. Barang crub para imam alancrub,
16
eta walungan mendet, teu bisa ngocor, ngabadeden terus beungkak ka girang jauh pisan nepi ka kota Adam, hiji kota gigireun kota Sartan. Nu di hilir jadi kapenggel sama sakali, terus ngocorna ka Laut Paeh; ku hal eta jalma-jalma teh bararisa meuntas ka deukeut kota Yeriho.
17
Sabot jelema-jelema mareuntas di nu saat, imam-imam anu ngagotong Peti Perjangjian tea ngararandeg di nu saat di tengah-tengah Walungan Yordan, nepi ka jalma-jalma mareuntas kabeh.
← Chapter 2
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 4 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24