bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Joshua 20
Joshua 20
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 19
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 21 →
1
Geus kitu PANGERAN ngandika ka Yosua,
2
miwarang nyaurkeun kieu ka urang Israil, ”Geura tangtukeun kota-kota suaka. Hal ieu bareto geus ditepikeun ka maraneh, ku perantaraan Musa.
3
Tiap-tiap jelema nu maehan teu karana niat tadina, meunang nyingkir ka dinya, nyingkahan anu arek males pati.
4
Pek kabur ka salah sahijina, tepungan mahkamah pangadilanana di lawang kota, perkarana pupulihkeun. Ku maranehna baris diwidian asup ka jero kota, jeung dibere pangcicingan geusan nyingkir di dinya.
5
Upama disusul ku nu arek males pati ulah dipasrahkeun. Kudu dibela, lantaran maehan soteh teu kahaja, lain ku sabab amarah.
6
Nyingkirna di eta kota nepi ka perkarana diuruskeun ku pangadilan di dinya, jeung nepi ka Imam Agung anu jeneng harita di dinya tilar dunya. Geus kitu kakara meunang mulang ka lemburna, anu bareto ditinggalkeun kabur.”
7
Seug kota-kotana ditangtukeun. Anu di kuloneun Yordan nya eta: Kedes di Galilea, di pagunungan wewengkon kaom Naptali; Sekem, di pagunungan wewengkon kaom Epraim; jeung Hebron, di pagunungan wewengkon kaom Yuda.
8
Anu di wetaneun Yordan nya eta: Beser, di wewengkon kaom Rubin, di padataran luhur gurun keusik wetaneun Yeriho; Ramot di Gilad, di wewengkon kaom Gad; jeung Golan di Basan, di wewengkon kaom Menase.
9
Kota-kota eta kapilih pikeun jadi kota suaka, boh keur urang Israil boh keur urang piluaran anu marukim di urang Israil. Satiap jelema anu maehan teu karana diniatan tadina, meunang nyingkir ka dinya, nyingkahan anu arek males pati. Teu meunang dipaehan, nunggu dipariksa heula ku pangadilan.
← Chapter 19
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 21 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24