bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Matthew 1
Matthew 1
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 2 →
1
Ieu daptar karuhun-karuhun Yesus Kristus turunan Daud, ari Daud turunan Ibrahim.
2
Ti Ibrahim turun-tumurun nepi ka Raja Daud kieu pareleanana: Ibrahim, Ishak, Yakub, Yuda jeung saderek-saderekna, Peres, Serah (ti ibu Tamar), Hesron, Ram, Aminadab, Nahson, Salmon, Boas (ibuna Boas nya eta Rahab), Obed, Isai, Raja Daud.
6
Ti Daud turun-tumurun nepi ka jaman urang Israil diboyong ka Babul kieu pareleanana: Daud ti geureuhana anu asalna garwa Uria, puputra Suleman, ti Suleman turun-tumurun: Rehabam, Abia, Asa, Yosapat, Yehoram, Usia, Yotam, Ahas, Hiskia, Menase, Amon, Yosia, Yoyakin jeung saderek-saderekna.
12
Ti sanggeus diboyong ka Babul nepi ka medalna Yesus, turun-tumurun ti semet Yoyakin: Sealtiel, Serubabel, Abiud, Elyakim, Asor, Sadok, Ahim, Eliud, Elasar, Matan, Yakub, Yusup. Yusup nikah ka Mariam, Mariam ngababarkeun Yesus anu disarebut Kristus.
17
Ti Ibrahim nepi ka Daud opat welas turunan, ti Daud nepi ka jaman dibuang ka Babul opat welas turunan, ti jaman eta nepi ka Kristus medal opat welas turunan.
18
Ieu wincikan hal medalna Yesus Kristus. Ibu-Na, nya eta Mariam, tunangan sareng Yusup. Tapi memeh ditikah parantos ngandung, ari ngandungna ti Roh Suci.
19
Yusup teh jelema anu salawasna taʼat kana hukum agama, tapi teu kersaeun ngageruhkeun kaayaan Mariam kitu, rek pegat tunangan bae rerencepan.
20
Sabot ngamanah-manah kitu, dina impenanana anjeunna disumpingan ku malaikat anu sasauran kieu, ”Yusup, turunan Daud, ulah sieun nyokot Mariam keur pibojoeun maneh, sabab ngandungna teh ku kersana Roh Suci.
21
Mariam bakal ngalahirkeun anak lalaki, ku maneh kudu dijenenganan Yesus — sabab bakal ngabebaskeun umat-Na tina dosa-dosana.”
22
Pang kajadian kitu teh supaya laksana sabda Allah anu diandikakeun ka nabi baheula, ungelna,
23
”Hiji parawan bakal ngandung, ngowokeun putra pameget anu pijenenganeunana Immanuel” (hartina ”Allah nyarengan ka urang”).
24
Sanggeus gugah, Yusup tuluy tumut kana amanat malaikat, anjeunna nikah ka Mariam.
25
Tapi henteu waka sapatemon nepi ka Mariam babar, murangkalihna pameget, ku Yusup dijenenganan Yesus.
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 2 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28