bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Matthew 28
Matthew 28
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 27
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
1
Sanggeus liwat poe Sabat, poe Minggu isuk-isuk keneh pisan Maria Magdalena jeung Maria anu saurang deui geus laleumpang ngalayad ka makam.
2
Dak-dumadak aya lini kacida rongkahna. Kolebat aya malaikat Pangeran lungsur ti sawarga, ngagulingkeun batu tutup makam, tuluy batuna dicalikan.
3
Rupa eta malaikat mani kawas cahaya kilat, panganggona bodas kawas salju.
4
Nu jaraga makam mani kokoplokan bawaning ku sarieuneun, nepi ka tinglumpuruk kawas nu paeh.
5
Malaikat teh ngalahir ka eta dua wanita, ”Nyai ulah sarieun. Kami terang Nyai rek ngalayad Yesus anu tas disalib.
6
Anjeunna geus teu aya di dieu, geus digugahkeun sakumaha saur-Na tea. Hiap taringal ka dieu urut ebog-Na.
7
Ayeuna buru-buru bae bejakeun ka murid-murid-Na kieu, ʼAnjeunna geus digugahkeun ti nu maraot, ayeuna keur angkat ka Galilea miheulaan aranjeun. Engke tangtu kapanggih di ditu!ʼ Tah kitu bejakeunana, sing inget.”
8
Bral maranehna arindit ti dinya gura-giru bari sieun tapi bungah, tungtungna lalumpatan rek pupulih ka murid-murid Yesus.
9
Tapi dak-dumadak Yesus nepangan ka maranehna. ”Salam rahayu,” saur-Na. Maranehna ngaharempoy kana sampean Anjeunna tuluy nyungkem.
10
”Ulah sarieun,” saur Yesus, ”jung bejakeun ka dulur-dulur Kami yen kudu ka Galilea, engke tepung di ditu.”
11
Waktu eta dua wanita geus laleumpang, para prajurit anu ngajaraga makam baralik ka kota, lapor perkara kajadian tea ka imam-imam kapala,
12
anu terus badami jeung para kokolot. Hasil babadamianana, eta para prajurit teh dibarere duit gede pisan,
13
bari diomongan kieu, ”Uarkeun ku maraneh yen mayit-Na dipaling ku murid-murid-Na ti peuting waktu maraneh keur harees.
14
Lamun hal ieu kadenge ku gupernur, ku kami rek dilelemu yen ieu kajadian lain salah maraneh, jadi maraneh ulah salempang.”
15
Sanggeus narima duit, eta para prajurit teh tuluy uar-uar sakumaha papatah tea. Nepi ka ayeuna oge di kalangan urang Yahudi mah carita kitu ti eta para prajurit teh aya keneh.
16
Murid-murid anu kari sawelas urang arindit ka hiji pasir di Galilea, sakumaha anu dipesen ku Yesus.
17
Sanggeus papanggih jeung Anjeunna tuluy sarujud nyarembah. Aya oge sawatara urang anu asa-asa keneh.
18
Yesus nyaketan ka maranehna, lajeng sasauran kieu, ”Kakawasaan di sawarga jeung di bumi, sagemblengna geus diserenkeun ka Kami.
19
Ku sabab eta datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami, baptis kalawan pajenengan Rama, Putra, jeung Roh Suci.
20
Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh. Kami tangtu nyarengan ka maraneh salalawasna nepi ka ahir jaman.”
← Chapter 27
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28