bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Ezekiel 29
Ezekiel 29
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 28
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 30 →
1
Dina tanggal dua belas, bulan kasapuluh, nincak kana sapuluh taun hirup di nagri buangan, PANGERAN ngandika ka kaula.
2
”Eh anak manusa,” pangandika-Na, ”weweleh raja Mesir. Bejakeun, kumaha engke manehanana katut satanah Mesir baris dihukum.
3
Bejakeun ieu anu ku Kami bakal ditimbalkeun ka eta raja Mesir. Kieu: Eh buhaya raksaksa anu ngadakom di walungan, ieu Kami musuh maneh. Carek maneh Walungan Nil boga maneh, beunang nyieun maneh.
4
Cacapek maneh ku Kami rek ditiruk ku kakait, ari lauk-lauk di walungan maneh rek disina rimbil lalengket kana awak maneh. Maneh rek digusur ku Kami, dihanjatkeun ti Walungan Nil katut lauk-lauk anu lalengket kana awak maneh.
5
Maneh katut eta lauk-lauk rek dibalangkeun ka gurun keusik. Awak maneh tangtu ngageblug kana taneuh; bangke maneh bakal diantep moal diruang. Rek diparabkeun ka manuk-manuk jeung sasatoan.
6
Sanggeus kitu sakabeh urang Mesir bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.” PANGERAN nimbalan, ”Urang Israil nyindekel ka maneh menta dibantu, tapi maneh teu beda ti iteuk anu leuleus.
7
Waktu urang Israil nyindekel ka maneh, maneh kalah ka miley, nepi ka maranehanana tijarengkang, taktakna marisalah.
8
Kami, PANGERAN Nu Maha Agung mere nyaho, Kami rek nitahan jelema-jelema sina nyarabet ka maneh ku pedang, sarta maehan rahayat maneh katut jeung sasatoanana.
9
Mesir rek dijieun tempat suwung. Engke kakara maneh nyaho yen Kami teh PANGERAN. Ku sabab carek maneh Walungan Nil boga maneh jeung beunang maneh nyieun,
10
maneh jeung eta walungan jadi musuh Kami. Sakuliah Mesir, ti semet kota Migdol di kaler nepi ka kota Aswan di kidul, sapanjang jalan anu maju ka wates nagri Sudan, ku Kami rek dijadikeun tempat suwung.
11
Hamo aya nu ngaliwat-liwat acan ka dinya, boh jelema boh sato. Opat puluh taun lilana moal aya nu nyicingan.
12
Mesir ku Kami rek dijieun tempat anu pangsepi-sepina di saalam dunya. Opat puluh taun lilana kota-kota di Mesir bakal ngajadi ruruntuk, leuwih ti batan kota-kota sejenna anu geus raruntuh. Urang Mesir ku Kami rek dijadikeun kaum pangungsi, sina kalabur ka unggal nagri, sina campur jeung jalma-jalma lian.”
13
PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, ”Sanggeus opat puluh taun, urang Mesir rek dipulangkeun deui ti antara bangsa-bangsa, ti tempat-tempat papencarna,
14
sina maratuh di Mesir, di bali geusanna, di wewengkon pakidulanana. Engkena bakal jadi hiji karajaan tapi lemah,
15
panglemah-lemahna ti sakabeh karajaan, hamo bisaeun deui ngajajah ka bangsa-bangsa sejen. Rek disina pohara basajanna, sina ulah bisaeun migawe sakarep-karep ka bangsa sejen.
16
Israil moal mikabutuh deui pitulungna. Nasib Mesir kitu bakal ngageuing ka Israil, yen maranehna pohara kaliruna bareto nyindekel ka Mesir teh. Sanggeus kitu Israil bakal nyaho yen Kami teh PANGERAN Nu Maha Agung.”
17
Dina tanggal hiji bulan kahiji, nincak kana dua puluh taun hirup di nagri buangan, kaula ditimbalan ku PANGERAN.
18
”Eh anak manusa,” timbalana-Na, ”Raja Nebukadnesar ti Babul bakal ngagempur Tirus. Serdadu-serdaduna dimomotan kacida beuratna, nepi ka sirahna balolenang kagesrek-gesrek ku babawaan, taktakna baroleksek. Tapi meunang sakitu tihothatna teh raja jeung baladna teu beubeunangan naon-naon.
19
Ku sabab eta kieu ayeuna timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Tanah Mesir ku Kami rek dibikeun ka Raja Nebukadnesar. Ku manehna bakal dirayah, sagala kakayaan Mesir ku manehna bakal dirampas, dipake mayar upah baladna.
20
Mesir ku Kami dibikeun ka manehna, minangka pamayar dumeh manehna geus digawe pikeun Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.
21
Lamun hal eta geus bukti, umat Kami Israil rek disina jadi kuat, sarta pek hal eta ku maneh carita-caritakeun, eh Yeheskel, ka sing saha bae anu baris ngadenge, sangkan maranehanana nyarahoeun yen Kami teh PANGERAN.”
← Chapter 28
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 30 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
Recommended Reading
Commentary
Ezekiel Commentaries
→
Devotional
Ezekiel Devotional Guide
→
Get This Bible
Sunda Study Bible
→