bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Ezekiel 48
Ezekiel 48
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 47
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
1
Wewengkon beulah kaler, ti semet Laut Tengah ka wetankeun mapay ka Hetlon, ka jalan anu ka Hamat, ka Hasar Enon, nepi ka wates antara karajaan Damsik jeung karajaan Hamat, ti semet wates wetan terus ngulon nepi ka Laut Tengah, marele ti kaler nepi ka kidul pikeun kaom-kaom Dan, Aser, Naptali, Menase, Epraim, Rubin, jeung Yuda, masing-masing sabagian.
8
Bagian anu ngarendeng jeung wewengkon eta kudu dijieun bagian anu istimewa. Ti kaler nepi ka kidul, kitu deui ti wetan nepi ka kulon, rubakna dua welas satengah kilometer, sarua jeung rubakna wewengkon-wewengkon anu dibikeun ka kaom-kaom tea. Eta wewengkon pikeun gedong Bait Allah.
9
Di puseur ieu wewengkon kudu aya hiji petak anu ngawungkul, anu kudu dibaktikeun ka PANGERAN, ukuranana dua belas satengah kali sapuluh kilometer.
10
Dina eta petakan suci aya bagian pikeun para imam, manjang ti wetan ka kulon dua belas satengah kilometer, ti kaler nepi ka kidul lima kilometer. Ari gedong Bait Allah ayana kudu di puseur ieu petakan.
11
Eta petakan suci pikeun para imam turunan Sadok, lantaran maranehanana mah saratia kumawulana ka Kami, teu kabawakeun goreng ku urang Israil cara jalma-jalma kaom Lewi sejenna.
12
Anu matak maranehna mah dibere anu istimewa, petakanana adek kana petakan urang Lewi, tur jadi bagian anu pangsucina ti nu sejen-sejen.
13
Urang Lewi oge dibere bagian anu ngawungkul, kiduleun petakan para imam, anu ukuranana sarua jeung eta, ti wetan ka kulon dua belas satengah kilometer, ti kaler ka kidul lima kilometer.
14
Petakan anu dibaktikeun ka PANGERAN teh tanah anu panghade-hadena ti sakuliah tanah, teu meunang dijual saeutik-eutik acan, pon kitu teu meunang ditukeurkeun atawa pindah tangan, sabab eta teh suci kagungan PANGERAN.
15
Tina eta petakan istimewa aya anu kari, panjangna dua belas satengah kilometer, rubakna dua satengah kilometer. Eta mah kaayaanana jamak bae, henteu suci, pakeeun umum, meunang dipake jeung dicicingan ku jalma rea. Ari keur pikotaeun kudu di puseur petakan suci,
16
bangunna kudu masagi, ukuran unggal sisina masing-masing dua rebu dua ratus lima puluh meter,
17
sakurilingna kudu diputeran ku rarambu anu ngoblog rubakna saratus dua puluh lima meter.
18
Lamun kotana geus dijieun, aya keneh lolongkrang anu nyesa lempengan petakan suci beulah kidul. Ti beulah wetan panjangna lima kilometer rubakna dua satengah kilometer. Ti beulah kulon panjangna lima kilometer rubakna dua satengah kilometer. Eta pikeun tanah pertanian jalma-jalma anu caricing di eta kota.
19
Anu caricing di eta kota, saha bae, ti kaom mana bae, meunang ngolah eta tanah.
20
Jadi legana petakan puseur anu kudu dibaktikeun teh pasagi, anu ukuran tiap sisina masing-masing dua belas satengah kilometer, kaasup petakan anu dipake ku kota tea.
21
Wewengkon-wewengkon wetaneun jeung kuloneun petakan anu diadegan Bait Allah, nya eta tanah imam, tanah urang Lewi, jeung tanah kota. Sakarina ti eta tanah, milik pangereh, nu ngujur ka wetan ngembatna nepi ka wates beulah wetan, nu ngujur ngulon ngembatna nepi ka Laut Tengah. Ari ti kaler ka wates ka wewengkon Yuda, ti kidul ka wates ku wewengkon Binyamin.
23
Ari kaom-kaom anu tadi tacan kasebut, masing-masing kudu meunang sabagian. Tanahna kiduleun wewengkon suci, ngujur ti wates wetan nepi ka kulon ka Laut Tengah. Dibagikeunana marele ti kaler ka kidul ka kaom-kaom Binyamin, Simeon, Isaskar, Sebulun, jeung Gad.
28
Tanah anu dibikeun ka kaom Gad, beulah kidul watesna ngujur ngidul-ngulon ti semet Tamar nepi ka Cinyusu Meriba di Kades, ti dinya ngaler-ngulon turut-turut wates tanah Mesir nepi ka Laut Tengah.
29
”Kudu kitu tanah teh dibagi-bagikeunana ka kaom-kaom Israil keur pamilikeunana masing-masing,” timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.
30
Ari kota Yerusalem lawangna kudu dua belas. Unggal kutana, anu panjangna masing-masing dua rebu dua ratus lima puluh meter, dina opat pongpokna masing-masing lawangna tilu sarta dingaranan ku ngaran kaom-kaom. Lawang-lawang dina kuta pongpok kaler ngaranna Gapura Rubin, Gapura Yuda, jeung Gapura Lewi. Lawang-lawang dina kuta pongpok wetan ngaranna Gapura Yusup, Gapura Binyamin, jeung Gapura Dan. Lawang-lawang dina kuta pongpok kidul ngaranna Gapura Simeon, Gapura Isaskar, jeung Gapura Sebulun. Lawang-lawang dina kuta pongpok kulon ngaranna Gapura Gad, Gapura Aser, jeung Gapura Naptali.
35
Panjangna kuta kabeh salapan rebu meter. Pingaraneun eta kota, ti ayeuna kudu disebut: ”PANGERAN-AYA-DI-DINYA!”
← Chapter 47
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
Recommended Reading
Commentary
Ezekiel Commentaries
→
Devotional
Ezekiel Devotional Guide
→
Get This Bible
Sunda Study Bible
→