bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Ezekiel 5
Ezekiel 5
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 4
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 6 →
1
PANGERAN nimbalan, ”Eh anak manusa, cokot pedang anu seukeut. Cukur janggot jeung buuk maneh ku eta nepi ka beak. Buukna timbang dina taraju, tuluy jieun tilu gunduk.
2
Nu sagunduk duruk di jero kota anu geus henteu dikepung deui. Sagunduk deui cacag ku eta pedang sakurilingna. Anu sapertilu deui awurkeun sina kabawa ku angin sarta baris diberik ku pedang Kami.
3
Sesakeun buuk teh, tungkus dina kelin baju.
4
Tuluy cokot saeutik ti dinya, purulukkeun kana seuneu nepi ka beak. Seuneuna bakal mancawura ka sakumna bangsa Israil.”
5
PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, ”Awaskeun, Yerusalem teh ku Kami dipernahkeunana di puseur dunya, dikuriling ku nagri-nagri.
6
Tapi Yerusalem ngalawan kana parentah-parentah Kami, leuwih jahat ti batan bangsa-bangsa sejen, leuwih bahula ti batan nagri-nagri sakurilingna. Parentah-parentah Kami ditolak, papakon-papakon ti Kami teu dilakonan.
7
Ku sabab eta eh Yerusalem, dengekeun ieu sabda Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Ku lantaran maneh teu nurut kana papakon-papakon ti Kami, henteu ngalakonan parentah-parentah Kami, maneh leuwih-leuwih nya ngajengkelkeun alah batan ti bangsa-bangsa anu sakuriling maneh. Maneh kalah ka muja kana adat kabiasaan bangsa-bangsa batur.
8
Ku sabab kitu Kami, PANGERAN Nu Maha Agung ngucapkeun kieu: Kami ngamusuh ka maneh. Maneh bakal disiksa tur kasaksian ku bangsa-bangsa sejen.
9
Ku Kami moal teu disiksa, lantaran maneh geus nyieun kalakuan pikangewaeun Kami, eh Yerusalem! Acan kungsi Kami nyiksa nepi ka kitu, tur ka hareupna moal deui-deui nyiksa nepi ka kitu.
10
Ku banget-bangetna eta siksaan, di Yerusalem teh indung jeung bapa nepi ka tega ngahakan anak, anak oge nepi ka ngahakan indung bapa. Nepi ka kitu bangetna siksaan ti Kami. Ari sakarina anu harirup keneh, ku Kami arek diawurkeun ka mana mendi.
11
Demi Kami teh Allah anu jumeneng — kitu sabda PANGERAN Nu Maha Agung — ku lantaran maneh nganajiskeun Bait Kami ku sagala kajahatan jeung ku rupa-rupa kalakuan anu pikaijideun, tanpa ampun maneh ku Kami baris diancurkeun.
12
Sapertilu jalma-jalma maneh bakal paraeh ku panyakit jeung ku kalaparan di jero kota; sapertiluna deui bakal dibabadan ku pedang di luareun kota, sapertiluna deui rek dibacacarkeun ka sagala jurusan sarta diudag ku pedang.
13
Maneh bakal ngarasa hebatna Kami ngamuk ngabudalkeun amarah nepi ka hate Kami puas. Lamun geus kitu, tangtu maraneh yakin yen Kami, PANGERAN ngandika kieu teh lantaran geus teu kuat ku kateusatiaan maneh.
14
Tiap jalma ti bangsa-bangsa sakurilingeun maneh, ana ngaliwat ka maneh bakal maroyok jeung ngajarauhan.
15
Waktu maneh keur diamuk ku amarah Kami sarta dihukum, sakabeh bangsa di sakurilingeun maneh bakal katarajang sieun, saterusna bakal moyok jeung mikaijid ka maneh.
16
Bekel maneh ku Kami bakal dikoredaskeun, nepi ka maneh langlayeuseun. Bakal karasa ku maneh kumaha nyerina kalaparan, saibarat katiir ku jamparing seukeut, matak tiwas.
17
Anak-anak maneh bakal paraeh kalaparan jeung ku sato galak. Kami bakal ngadatangkeun panyakit-panyakit, katelengesan, jeung perang, pikeun maehan maneh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
← Chapter 4
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 6 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
Recommended Reading
Commentary
Ezekiel Commentaries
→
Devotional
Ezekiel Devotional Guide
→
Get This Bible
Sunda Study Bible
→