bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Ezekiel 31
Ezekiel 31
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 30
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 32 →
1
Dina tanggal hiji bulan katilu, sanggeus sabelas taun hirup di nagri buangan, kaula ditimbalan ku PANGERAN.
2
Timbalana-Na, ”Eh anak manusa, bejakeun kieu ka raja Mesir jeung rahayatna: Sakitu kawasana maneh teh! Jeung naon kudu dibandingkeunana ku Kami?
3
Maneh teh lir tangkal kiputri di Libanon, dahan-dahanna aralus, tur gomplok matak iuh. Tangkalna luhur ngahontal mega.
4
Pikeun tutuwuhan, cai aya. Keur hakaneunana, cinyusu di jero taneuh aya. Cukup cai di tempat nu aya tutuwuhan. Tatangkalan di leuweung eta kabeh kakocoran.
5
Ku sabab hade meunangna cai, jadina teh ngaluhuran nu lian, dahan-dahanna galede sarta paranjang.
6
Rupa-rupa manuk nyarayang dina dahanna, sato-sato leuweung aranakan handapeunana, bangsa-bangsa barumetah dina iuh-iuhna.
7
Alus temen eta tangkal teh, nya luhur, nya dahanna paranjang, akarna jero, nyareceb nepi kana cinyusu.
8
Tangkal kiputri nu aya di taman Allah ge ka eta mah henteu nanding. Tangkal camarana dahan-dahanna teu cara eta. Tangkal caringinna iuhna henteu cara eta. Di taman Allah mah taya tangkal anu sarupa kitu alusna.
9
Kami anu ngajadikeun eta sakitu alusna, dahan-dahanna ngarangkadak. Matak sirik saban tangkal di Eden, di taman Allah.
10
Tapi Kami, PANGERAN Nu Maha Agung ngabejaan ka maneh, bakal kumaha engke eta tangkal anu luhurna nepi kana mega teh. Kena-kena luhur jadi adigung.
11
Anu matak ku Kami geus dipiceun, sina dicokot ku raja sejen. Engke ku eta diganjar satimpal jeung kajahatanana.
12
Bakal dituar ku urang asing, jalma-jalma anu pohara barengisna, tuluy diarantep. Dahan-dahan anu saremplak jeung regang-regangna naringgang ka gunung-gunung jeung lebak-lebak di eta nagri. Bangsa-bangsa anu eukeur bebetah dina iuh-iuhna bakal arindit.
13
Manuk-manuk daratang, tangkal anu geus rubuh teh diareunteupan, ari sato-sato leuweung tinggulandang di handapeun dahan-dahanna.
14
Ku sabab eta ti wates ayeuna di dinya moal aya deui tangkal anu bisa luhur cara kitu, atawa anu pucukna nyundul mega, sanajan cukup cai. Kabeh baris sirna tinemu jeung ajalna, cara galibna manusa, baris ngareujeungan anu geus ti hareula turun ka dunyana nu maraot.”
15
PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, ”Dina poean eta tangkal paeh, ku Kami baris dikeueum ku cai ti jero taneuh geusan tanda sungkawa. Ari walungan-walungan ku Kami rek disina malik ti dinya, susukan-susukan ge moal dibikeun ngocor ka dinya. Ku sabab eta tangkal geus paeh, Pagunungan Libanon ku Kami rek disina poek, tatangkalan di leuweung eta rek disina parerang.
16
Waktu eta tangkal ku Kami digulusurkeun ka dunya anu maraot, gulugurna bakal ngeundeurkeun bangsa-bangsa. Sakabeh tatangkalan di Eden, kitu deui tangkal-tangkal petingan di Libanon anu sampurna mareunangna cai, sarta geus tarurun ka dunya nu panghandapna, bakal aratoheun ku rubuhna eta tangkal.
17
Maranehna bakal bareng jeung eta, arindit ka dunya nu maraot, geusan ngareujeungan anu ragragna geus ti hareula. Ari sakur anu harirup dina iuh-iuhna engke bakal paburencay di antara bangsa-bangsa.
18
Eta tangkal teh raja Mesir katut rahayatna. Cacakan tatangkalan di Eden ge, anu luhurna jeung mulyana kawas kitu mah euweuh. Sanajan kitu, eta oge bakal ngagulusur ka dunya anu arajal cara tatangkalan di Eden, bakal ngabaturan anu jarahat jeung anu pararaeh dina perang tea. Kitu timbalan Kami,” lahiran PANGERAN Nu Maha Agung.
← Chapter 30
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 32 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48