bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Numbers 1
Numbers 1
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 2 →
1
Dina tanggal hiji bulan kadua, taun kadua ti sanggeus urang Israil budal ti Mesir, PANGERAN nimbalan ka Musa ti Kemah Tepangana-Na di Gurun Keusik Sinai. Timbalana-Na,
2
”Maneh jeung Harun kudu nyacahkeun urang Israil, nurutkeun kaom jeung wargana masing-masing. Anu geus meujeuhna jadi prajurit, nya eta anu umurna ti semet dua puluh taun ka luhur, kabeh catet ngaranna.
4
Menta dibantu ku kapala ti unggal kaom.”
5
Ieu ngaran-ngaranna anu jaradi kapala kaom masing-masing anu dihiras ngabantu Musa jeung Harun: [Kaom] — [Kapala] Rubin — Elisur bin Sedeur Simeon — Selumiel bin Surisaday Yuda — Nahson bin Aminadab Isaskar — Netanel bin Suar Sebulun — Eliab bin Helon Epraim — Elisama bin Amihud Menase — Gamaliel bin Pedasur Binyamin — Abidan bin Gidoni Dan — Ahieser bin Amisaday Aser — Pegiel bin Okran Gad — Elisap bin Rehuel Naptali — Ahira bin Enan
17
Dibantu ku ieu dua welas urang, Musa jeung Harun
18
dina tanggal hiji bulan kadua ngumpulkeun jelema, didaptarkeun nurutkeun rundayan jeung wargana. Sakur anu umurna dua puluh taun ka luhur diitung jeung dicatetkeun ngaranna,
19
sakumaha timbalan PANGERAN. Didaptarkeunana ku Musa di Gurun Keusik Sinai.
20
Kabeh sakur anu umurna geus dua puluh taun atawa leuwih, anu pantes jadi prajurit, ngaranna dicatet nurutkeun kaom jeung wargana, mimiti ti kaom Rubin, putra Yakub anu cikal. Pareleanana kieu: [Kaom] — [Jumlah] Rubin — 46.500 urang Simeon — 59.300 urang Gad — 45.650 urang Yuda — 74.600 urang Isaskar — 54.400 urang Sebulun — 57.400 urang Epraim — 40.500 urang Menase — 32.200 urang Binyamin — 35.400 urang Dan — 62.700 urang Aser — 41.500 urang Naptali — 53.400 urang — Jumlah 603.550 urang
47
Kaom Lewi henteu bareng didaptarkeun jeung kaom-kaom sejen.
48
Sabab kieu timbalan PANGERAN ka Musa,
49
”Waktu nyacahkeun anu geus meujeuhna dijieun prajurit, kaom Lewi ulah diasupkeun.
50
Kaom Lewi mah sina ngurus Kemah Tepangan jeung parabotna, purah ngagotong Kemah Tepangan saparabotna katut purah ngalalayananana. Pakemahanana oge kudu sakuriling eta.
51
Upama maraneh pindah, anu ngaruag Kemah Tepangan jeung masangna deui di pasanggrahan anyar kudu kaom Lewi. Anu sejen, saha bae anu wani deukeut-deukeut ka Kemah Tepangan kudu dipaehan.
52
Urang Israil anu lianna, pakemahanana kudu nurutkeun kumbuhanana masing-masing, unggal kumbuhan boga umbul-umbul sorangan, kapalana saurang.
53
Kemah kaom Lewi kudu ngurilingan Kemah Tepangan, pikeun ngajaga nu sejen ulah deukeut-deukeut ka dinya, bisi urang Israil disamber ku bebendu Kami.”
54
Seug urang Israil ngalampahkeun sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa tea.
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 2 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36