bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Numbers 27
Numbers 27
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 26
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 28 →
1
Aya hiji jalma lalaki, ngaranna Selopehad bin Heper, turunan Yusup. Jujutan silsilahna ti luhur kieu: Yusup, Menase, Mahir, Gilad, Heper, Selopehad. Manehna boga anak awewe ngaranna Ahla, Noa, Hogla, Milka, jeung Tirsa. Eta anak-anakna teh
2
ngadareuheus ka Musa, Imam Elasar, para kapala, jeung ka sakumna bangsa Israil, di gapura Kemah PANGERAN. Arunjukan kieu,
3
”Pun bapa parantos tiwas di tanah gurun, henteu gaduh anak lalaki. Dupi tiwasna henteu bareng sareng anu marilu ka Korah anu ngalawan ka PANGERAN, tiwasna ku margi dosana bae.
4
Ku naon ngaran pun bapa kedah leungit ti Israil mung ku karana teu gaduh anak lalaki? Atuh abdi-abdi oge paparin tanah milik sapertos wargi-wargi pun bapa anu sanesna.”
5
Eta perkara ku Musa disanggakeun ka PANGERAN.
6
Ari timbalan PANGERAN ka anjeunna,
7
”Pamenta anak-anak Selopehad layak. Pek bere tanah milik saperti baraya-baraya bapana nu lian. Pusaka pikeun bapana wariskeun ka maranehna.
8
Jeung umumkeun ka jalma rea yen upama bapa paeh teu ninggalan anak lalaki, tanah milikna kudu diwariskeun ka anakna anu awewe.
9
Upama anak awewe ge teu boga, wariskeun ka dulurna nu lalaki.
10
Upama teu boga dulur lalaki, kudu diwariskeun ka dulur-dulur lalaki bapana.
11
Upama bapana teu bogaeun dulur lalaki, sarta paman oge henteu boga, kudu diwariskeun ka baraya pangdeukeutna, sina jadi hak milikna. Ieu aturan sahkeun, sarta kudu digarumatikeun ku urang Israil. Kitu diaturna ku Kami, PANGERAN.”
12
PANGERAN ngandika deui ka Musa, ”Maneh kudu unggah ka Gunung Abarim. Awas-awas ti dinya tanah anu ku Kami rek dibikeun ka urang Israil teh.
13
Upama eta enggeus ka tenjo, maneh ku Kami bakal dipundut sakumaha Harun lanceuk maneh,
14
lantaran maraneh basa keur di tanah gurun Sin kungsi ngalawan ka Kami. Harita, basa sakumna bangsa Israil gegelendeng ka Kami di Meriba, maneh henteu ngajalankeun sakumaha timbalan Kami, teu nembongkeun pangawasa Kami anu suci ka maranehna.” (Meriba teh hiji cinyusu di Kades, di tanah gurun Sin.)
15
Musa nyanggakeun panuhun,
16
”Nun GUSTI Allah, Sumber hirupna sugri anu kumelip, mugi nuduhkeun keur gegentosna anu bakal nungtun urang Israil,
17
anu bakal ngapalaan dina perang, supados umat Gusti ulah dugi ka sapertos domba teu aya nu ngangon.”
18
Timbalan PANGERAN ka Musa, ”Yosua bin Nun layak pikeun ngaganti. Tumpangkeun leungeun maneh kana sirahna
19
hareupeun Imam Elasar, kasaksian ku sapakumpulan. Tuluy umumkeun di dinya yen manehna pikeun gaganti maneh.
20
Sawatara kakawasaan maneh turunkeun ka manehna supaya urang Israil tunduk kana parentahna.
21
Pikeun nganyahokeun naon-naon pangersa Kami, Yosua kudu gumantung ka Imam Elasar, anu baris nanyakeun ka Kami make Urim jeung Tumim. Ku hal eta Elasar kudu nuduhan Yosua dina sagala urusan perkara urang Israil umumna.”
22
Sakumaha timbalan PANGERAN ku Musa dilaksanakeun. Yosua dicandak sina nangtung payuneun Imam Elasar kasaksian ku sakumna bangsa Israil,
23
seug ku anjeunna ditumpangan panangan sarta diumumkeun yen bakal jadi gaganti anjeunna, sakumaha timbalan PANGERAN tea.
← Chapter 26
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 28 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36