bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Numbers 34
Numbers 34
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 33
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 35 →
1
PANGERAN ngandika deui ka Musa,
2
ngandikakeun ieu parentah pikeun urang Israil, ”Di mana maraneh geus arasup ka Kanaan, tanah anu ku Kami rek dipaparinkeun, wawatesan eta tanah teh bakal kieu:
3
Di beulah kidul watesna ti tanah gurun Sin malipid di sapanjang tanah Edom, mimiti ti wetan tungtung kidul Laut Paeh.
4
Ti dinya mengkol ngidul ka jalan Akrabim parat ngaliwatan Sin nepi ka Kades Barnea di kidul. Ti dinya nyela bumi ngaler ngulon nepi ka Hasar Adar terus ka Asmon,
5
mengkol ka lebak di wates tanah Mesir, anggeus di basisir Laut Tengah.
6
Di beulah kulon watesna Laut Tengah.
7
Di beulah kaler watesna mimiti ti basisir Laut Tengah terus mapay nepi ka Gunung Hor.
8
Ti dinya terus ka jalan Hamat, terus keneh nepi ka Sedad,
9
terus ka Sipron, anggeus di Hasar Enan.
10
Di beulah wetan watesna mimiti ti Hasar Enan terus mapay nepi ka Sepam.
11
Ti dinya mengkol ngidul ka Harbel di wetaneun Ain, terus nepi ka pasir-pasir di basisir Talaga Galilea beulah wetan,
12
tuluy ngidul mapay Walungan Yordan nepi ka Laut Paeh. Bakal kitu opat wawatesan tanah maraneh teh.”
13
Geus kitu Musa ngalahir ka urang Israil, ”Ieu tanah pikeun maraneh teh. Pek lotrekeun, sabab ku PANGERAN geus diajangkeun pikeun salapan kaom jeung anu satengah kaom deui.
14
Sabab kaom Rubin, kaom Gad jeung kaom Menase anu saparona geus baroga bagian sarta geus dibagi-bagi nurutkeun saahli karuhunna masing-masing,
15
di peuntaseun Walungan Yordan beulah wetan nampeu ka Yeriho.”
16
PANGERAN nimbalan deui ka Musa,
17
timbalana-Na, ”Imam Elasar jeung Yosua bin Nun sina ngabagikeun ieu tanah ka urang Israil,
18
sina dibantuan ku para pamingpin ti tiap kaom.”
19
PANGERAN nangtoskeun jelema-jelemana nya eta: [Ti Kaom] — [Pamingpinna] Yuda — Kaleb bin Yepune Simeon — Selumi bin Amihud Binyamin — Elidad bin Kislon Dan — Buki bin Yogli Menase — Haniel bin Epod Epraim — Kemuel bin Siptan Sebulun — Elisapan bin Parnak Isaskar — Paltiel bin Asan Aser — Ahihud bin Selomi Naptali — Pedahel bin Amihud
29
Sakitu jelema-jelema anu ku PANGERAN ditangtoskeun sina ngabagikeun tanah milik ka urang Israil di tanah Kanaan.
← Chapter 33
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 35 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36