bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Numbers 7
Numbers 7
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 6
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 8 →
1
Sanggeus Musa beres ngadegkeun Kemah Tepangan, poe eta keneh eta Kemah Suci teh ku anjeunna diresmikeun, diminyakan ku minyak suci katut sagala paparabotanana, kitu deui altarna sapuratina.
2
Ti dinya para kapala urang Israil, nya eta para pamingpin kaom-kaom anu ditugaskeun kudu nyacahkeun tea,
3
nyaranggakeun pangbakti ka PANGERAN, padati genep jeung sapi dua welas; tiap dua urang pamingpin hiji padati, sarta saurangna masing-masing hiji sapi. Sanggeus kabeh disanggakeun ka PANGERAN,
4
PANGERAN nimbalan ka Musa,
5
”Tarima eta pangbakti, gunakeun pikeun kaperluan pagawean anu kudu dipigawe di ieu Kemah. Serenkeun ka urang Lewi sing luyu jeung pigaweeun maranehanana masing-masing.”
6
Seug eta padati-padati eusi sapi teh ku Musa diserenkeun ka urang Lewi:
7
Dua padati jeung opat sapi diserenkeun ka urang Gerson,
8
opat padati jeung dalapan sapi diserenkeun ka urang Merari. Sagala pigaweeun maranehna diaturna ku Itamar putra Harun.
9
Urang Kahat ku Musa henteu diserenan padati teu diserenan sapi, sabab maranehna mah kabagian ngurus jeung nanggung barang-barang suci dina taktakna.
10
Jeung deui para pamingpin teh nyaranggakeun kurban pikeun ngaresmikeun altar. Sanggeus maranehna tarapti rek prak nyanggakeun pangbaktina kana altar,
11
PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Bejakeun ka maranehna, salila dua welas poe saban poe kudu aya hiji pamingpin anu nyanggakeun pangbakti pikeun ngaresmikeun altar.”
12
Seug giliran anu kudu nyanggakeun kurban-kurban teh ku maranehna diatur. Kieu: [Poe] — [Giliran Kaom] — [Pamingpinna] Ka-1 — Yuda — Nahson bin Aminadab Ka-2 — Isaskar — Netanel bin Suar Ka-3 — Sebulun — Eliab bin Helon Ka-4 — Rubin — Elisur bin Sedeur Ka-5 — Simeon — Selumiel bin Surisaday Ka-6 — Gad — Elisap bin Rehuel Ka-7 — Epraim — Elisama bin Amihud Ka-8 — Menase — Gamaliel bin Pedasur Ka-9 — Binyamin — Abidan bin Gidoni Ka-10 — Dan — Ahieser bin Amisaday Ka-11 — Aser — Pegiel bin Okran Ka-12 — Naptali — Ahira bin Enan Kurban-kurban anu ku masing-masing kudu dibaktikeun teh sarua, nya eta: hiji baki perak anu beuratna 1,5 kilogram, hiji bokor perak anu beuratna 800 gram, timbanganana nurutkeun patokan Kemah PANGERAN. Duanana dieusi tipung sapinuhna campur minyak jetun, pikeun kurban kadaharan, hiji pisin emas anu beuratna 110 gram, pinuh ku seuseungitan, hiji sapi jalu, hiji domba jalu, hiji anak domba umur sataun keur kurban beuleuman, hiji embe keur kurban pamupus dosa. Tuluy dua sapi jalu, lima domba jalu, lima embe jalu, jeung lima anak domba anu umur sataunan keur kurban panarima.
84
Jumlah lobana pangbakti ti dua welas urang pamingpin pikeun kaperluan-kaperluan altar nya eta: — dua welas pinggan perak jeung dua welas baskom perak, beuratna kabeh 27,6 kilogram — dua welas pisin emas, beuratna kabeh aya 1,32 kilogram, parinuh ku seuseungitan — dua welas sapi jalu, dua welas domba jalu, dua welas anak domba umur sataunan, kitu deui pikeun kurban-kurban kadaharan jeung pikeun kurban-kurban panarima — dua welas embe keur kurban dosa — dua puluh opat sapi jalu, genep puluh domba jalu, genep puluh embe, genep puluh anak domba umur sataunan keur kurban panarima.
89
Ari Musa, tiap-tiap lebet ka jero eta Kemah seja miunjuk ka PANGERAN, sok ngadangu PANGERAN nimbalan ka anjeunna tina luhureun tutup Peti Perjangjian di antara dua jangjang mumukarabinan.
← Chapter 6
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 8 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36