bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
1 Samuel 11
1 Samuel 11
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 10
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 12 →
1
Heuleut sabulan ti harita, kota Yabes di wewengkon Gilad diperangan, geus dikepung ku Raja Nahas sabaladna ti nagara Amon. Urang Yabes seja taluk tuluy haturan ka Nahas, pokna, ”Kaula sumeja taluk, mung nyuhunkeun jangji.”
2
Tembal Nahas, ”Heug kami jangji, tapi aya saratna: Mata katuhu maraneh kudu dicokel sangkan kaciri hinana urang Israil.”
3
Tembal pamingpin urang Yabes, ”Menta tempo tujuh poe rek ngutusan heula ka sakuliah tanah Israil. Lamun geus teu aya anu sanggup ngabantuan, kaula sumeja pasrah.”
4
Beja ti utusan urang Yabes geus nepi ka Gibea pangcalikan Saul. Urang dinya jadi ear tingjarerit.
5
Harita Saul kakara sumping ti tegal ngagiringkeun sapi. Pok mariksakeun, ”Aya naon jelema-jelema tingjarerit?” Tuluy diunjukkeun beja anu katarima ti urang Yabes.
6
Barang ngadangu warta kitu, ku kersaning Allah manahna ngentab asa kasebit.
7
Kek kana sapi dua, sapi teh dipeuncit tuluy dipotong-potong. Potongan-potonganana dipiwarang diider-ider ka sakuliah tanah Israil, sarta timbalanana, ”Sing saha anu henteu indit perang ngiring ka Saul jeung Samuel, sapina rek dikieukeun!” Bring urang Israil arindit, geus samiuk lir jalma saurang, sabab sieuneun dibenduan ku PANGERAN.
8
Ku Saul dikumpulkeun di Besek. Aya 300.000 jelema ti Israil jeung 30.000 ti Yuda.
9
Utusan ti Yabes ditalatahan kieu, ”Bejakeun ka dulur-dulur di ditu, isukan ge samemeh burit geus bebas.” Meunang beja kitu urang Yabes teu kira-kira barungaheunana.
10
Tuluy haturan ka Nahas, ”Isukan kaula rek pasrah, mangga kumaha sakersa.”
11
Poe isukna balad teh ku Saul dibagi tilu. Wanci balebat tuluy muru pasanggrahan musuh. Der balad Amon ditarajang, sarta memeh tengah poe geus gempar patulayah, anu harirup keneh paburisat, masing-masing nyalametkeun dirina sorangan-sorangan.
12
Bangsa Israil arunjukan ka Samuel, ”Mana jalmi-jalmi anu kamari ieu nyebatkeun Saul teu pantes jadi raja teh? Mugi diselehkeun bade diperenan!”
13
Tapi saur Saul, ”Poe ieu ulah aya jelema anu dipaehan. Sabab poe ieu urang Israil geus disalametkeun ku PANGERAN.”
14
Ari pilahir Samuel, ”Hayu urang ka Gilgal deui. Urang embarkeun sakali deui yen Saul raja.”
15
Brul kabeh ka Gilgal. Di dinya di tempat suci Saul diumumkeun jadi raja. Tuluy jalma-jalma nyaranggakeun kurban karapihan. Eta kajadian ku Saul jeung ku sarerea dipestakeun.
← Chapter 10
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 12 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31