bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
1 Samuel 23
1 Samuel 23
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 22
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 24 →
1
Aya anu bebeja ka Daud yen urang Pelisti ngarurug kota Kehila, ngarampog gandum anyar.
2
Anjeunna tumaros ka PANGERAN, ”Kumaha abdi teh, kedah ngarurug ka urang Pelisti?” ”Jung rurug,” waler PANGERAN. ”Pek tarajang, salametkeun kota Kehila.”
3
Tapi ceuk nu ngariring, ”Di dieu, di Yuda, urang parantos sakieu hariwangna, komo upami kedah ka Kehila nempuh urang Pelisti!”
4
Ku sabab kitu Daud tumaros deui ka PANGERAN. Ari waleran PANGERAN, ”Bral bae rurug eta urang Pelisti teh ka Kehila, ku Kami rek diselehkeun ka maneh.”
5
Bral Daud sabaladna ngabujeng ka Kehila, sarta urang Pelisti ditempuh datang ka loba pisan baladna anu kasambut, sarta ingon-ingonna dijabel. Kota Kehila katulungan.
6
Ari Abyatar putra Ahimelek tea kaburna ka Daud teh terus ngiring ka Kehila bari nyandak epod.
7
Aya wartana ka Saul yen Daud aya di Kehila. Saurna, ”Tah geuning jelema teh ku Allah geus diselehkeun ka aing, geus ngurung maneh di jero kota nu make kuta jeung benteng.”
8
Ti dinya anjeunna ngumpulkeun pasukan rek dicandak ka Kehila ngepung Daud sabaladna.
9
Barang Daud ngadangu yen Saul arek ngajorag, anjeunna nyaur Abyatar, saurna, ”Epod candak ka dieu.”
10
Seug anjeunna unjukan ka PANGERAN, Allah Israil, ”Aya wartos Saul bade ngajorag ngagempur Kehila, ngarah ka abdi.
11
Kumaha urang Kehila, naha bakal nyerenkeun abdi ka Saul? Naha leres Saul bakal ka dieu sakumaha wartos? Nun PANGERAN, Allah Israil, mugi kersa ngawaler!” PANGERAN ngawaler, ”Saul tangtu ka dieu.”
12
Daud unjukan deui, ”Kumaha urang Kehila, bade nyerenkeun abdi sadaya ka Saul?” PANGERAN ngawaler, ”Enya.”
13
Harita keneh Daud sabaladna, kira-kira genep ratus urang, angkat nyingkah ti Kehila. Barang Saul ngadangu warta yen Daud geus kaluar ti Kehila, ngarurugna henteu tulus.
14
Daud geus nyumput di pagunungan di hiji tanah gurun deukeut Sip. Saul teu eureun-eureun ngudag-ngudagna, tapi ku Allah teu diparengkeun iasa newak.
15
Daud geus uningaeun yen Saul geus kaluar deui rek ngarah pati. Daud nyumputna di Hores, hiji tanah gurun deukeut Sip.
16
Jol Yonatan ka dinya nepangan sarta ngahatean ka anjeunna kalawan percanten kana pangraksa Allah.
17
Saurna ka Daud, ”Rayi ulah sieun, Saul rama Akang moal iasa naon-naon ka Rayi. Anjeunna uningaeun pisan yen Rayi bakal jadi raja nyangking Israil, sarta Akang pijadieun anu kadua ti Rayi.”
18
Seug Yonatan jeung Daud ngikrarkeun sumpah suci moal pegat sosobatan. Geus kitu Yonatan mulih, ari Daud tetep di Hores.
19
Aya sawatara urang Sip anu bebeja ka Saul di Gibea, pokna, ”Daud aya di wewengkon abdi di Hores, di Gunung Hakila, di tanah gurun wewengkon urang Yuda palih kidul.
20
Abdi terang Sang Raja kalintang hoyongna nangkep Daud. Mangga sumping ka ditu, ditanggel Daud katangkep.”
21
Saur Saul, ”Maraneh sing diberkahan ku Allah, sabab geus sakitu hadena ka kami!
22
Jung geura baralik, jeung puguhkeun sakali deui, sidikkeun di lebah mana nyumputna, saha anu kungsi nenjoeunana. Bejana eta jelema teh kacida pelitna.
23
Sing kapanggih panyumputanana, tuluy buru-buru bejakeun ka kami di dieu. Engke urang bareng ka ditu jeung kami, urang peregokan. Mun di dinya keneh ku kami rek diubek. Lamun perlu satanah Yuda rek dikotektak.”
24
Urang Sip baralik heulaeun Saul. Ari Daud jeung sabaladna aya di tanah gurun Maon, di hiji lebak anu tiiseun, wewengkon tanah gurun urang Yuda beulah kidul.
25
Aya anu bebeja ka Daud yen Saul geus angkat jeung baladna arek ngudag. Daud ngalih ka hiji gunung cadas di tanah gurun Maon, tapi Saul oge ka dinya ngudagna.
26
Saul sabaladna geus aya di sisi eta gunung cadas beulah ditu, Daud sabaladna sisi beulah dieu purat-perot nyingkahan Saul anu geus beuki deukeut. Moal lila deui ge kaudag.
27
Tapi dumadakan aya utusan datang ka Saul, miunjuk, ”Enggal mulih, urang Pelisti ngarurug ka nagara!”
28
Saul nunda udaganana, rek ngayonan heula urang Pelisti. Ku sabab kitu eta tempat disebut Pasir Pamisah.
29
Daud ngalih ti dinya tuluy nyumput di wewengkon En Gedi.
← Chapter 22
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 24 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31