bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
1 Samuel 31
1 Samuel 31
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 30
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
1
Urang Pelisti geus narajang merangan urang Israil di Gunung Gilboa. Urang Israil kadeseh, loba pisan anu kasambut. Anu harirup keneh, kaasup Saul jeung putrana tiluan kalabur.
2
Tapi terus bae dibeledig ku urang Pelisti, kaudag terus dibabad. Putra-putra Saul, Yonatan, Aminadab, jeung Malkisua, tiluanana parupus kasambut.
3
Perang beuki campuh beuki ragot sakuriling Saul. Saul tatu parna pisan, keuna ku jamparing-jamparing musuh.
4
Seug anjeunna nimbalan ka budak ngora tukang mawa pakarangna, ”Cabut pedang maneh, tubleskeun ka kami, bisi urang Pelisti umat brahala teh aratoheun manten narenjo kaayaan kami tuluy ngarogahala.” Tapi eta budak ngora teu wanieun, malah kacida sieuneunana. Ku sabab kitu Saul nyabut pedangna, bles nubleskeun anjeun kana eta pedang.
5
Nenjo Saul pupus, bles deui budak ngora teh nubleskeun maneh kana pedang, maot paragat nuturkeun Saul.
6
Jadi dina poe eta Saul, tilu putrana, jeung eta budak ngora jaradi mayit. Balad-balad Saul kabeh rarubuh.
7
Urang Israil anu di beh ditueun Lebak Yisrel jeung di wetaneun Walungan Yordan, barang ngadarenge yen wadya balad Israil geus kalabur, tur Saul sapala putra enggeus parupus kasambut, tuluy kalabur naringgalkeun padumukanana. Geus kitu brul urang Pelisti daratang ka dinya, ngandih eta tempat.
8
Poe isukna perang geus eureun. Urang Pelisti arindit ngarangsadan mayit-mayit. Beh maranggihan layon Saul sapala putra tingjaropak di Gunung Gilboa.
9
Mastaka Saul diteukteuk, pakarangna dirangsadan, tuluy sina diider-ider ka sakuliah Pelisti, sina kanyahoan ku arca-arca sesembahanana, sina kagurnita ka rahayatna.
10
Pakarang Saul disimpen di kuil Dewi Astoret, ari salirana dipatokkeun kana kuta kota Bet San.
11
Kadarengeeun ku urang Yabes anu araya di Gilad yen layon Saul dikitukeun.
12
Bral jalma-jalma anu garagah arindit ka Bet San. Layon Saul jeung layon putra-putrana diturunkeun tina tembok, dibarawa mulang ka Yabes, tuluy diduruk di dinya.
13
Tulang-talengna dikumpulkeun seug dipendem di handapeun hiji tangkal di jero kota. Geus kitu urang dinya paruasa meunang tujuh poe.
← Chapter 30
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31