bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
1 Samuel 27
1 Samuel 27
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 26
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 28 →
1
Ku Daud kagalih, ”Lila-lila mah kami beunang oge dipaehan ku Saul. Taya deui ihtiar nu panghadena, lian ti kami kudu kabur ka tanah Pelisti. Saul tangtu eureun ngudagna, moal haben nyaksrak di tanah Israil. Tangtu kami salamet.”
2
Ti dinya Daud jeung baladna genep ratus urang ngalih ka Pelisti, ka Akis bin Maok raja Gat.
3
Daud sabaladna katut anak bojona masing-masing geus maratuh di Gat. Daud oge katut dua geureuhana, Ahinoam ti Yisrel jeung Abigail randana Nabal ti Karmel.
4
Sanggeus Saul ngadangu Daud kabur ka Gat, ngudag-ngudagna liren.
5
Daud misaur ka Akis, ”Sim kuring teu kedah matuh di kota raja. Manawi kawidian mah nyuhunkeun matuh di kota alit bae.”
6
Ku Akis dipaparin kota Siklag, sarta ti semet harita Siklag jadi kagungan raja-raja Yuda.
7
Daud ayana di Pelisti genep belas bulan.
8
Sapanjang kitu Daud sabaladna ngarurug ka urang Gesur, ka urang Girsi, jeung ka urang Amalek, anu geus ti baheula jadi pribumi di wewengkonna masing-masing. Dirurugna meh nepi ka wewengkon Sur jeung wates Mesir.
9
Jelemana awewe lalaki diparaehan, ingon-ingonna domba, sapi, kalde jeung onta kitu deui papakean, dijarah. Ari geus mulih,
10
lamun ku Akis dipariksa, ”Tas ngarurug ka mana?” Sok diwaler tas ngarurug pakidulan tanah Yuda, atawa tas ngarurug wewengkon bani Yerahmel, atawa wewengkon urang Keni.
11
Saban wewengkon anu dirurug, jelemana kabeh taya anu dihirupan, awewe lalaki kabeh diparaehan bae supaya ulah aya anu bebeja ka Gat ka mana saenyana Daud ngarurugna. Kitu bae damelna Daud teh sapanjang aya di Pelisti.
12
Ari Akis kacida percayana ka anjeunna, nepi ka ceuk pamikirna, ”Eta jelema teh kacida dipikaceuceubna ku urang Israil, ku bangsana sorangan. Tangtu bakal ngabantu ka aing saumur hirupna.”
← Chapter 26
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 28 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31