bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
1 Samuel 7
1 Samuel 7
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 6
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 8 →
1
Seug Peti Perjangjian PANGERAN teh digarotong ku urang Kiryat Yarim, tuluy diteundeun di imah Aminadab, pernahna di hiji pasir. Ti dinya tuluy nyucikeun anak Aminadab anu ngaran Elasar sina ngurus eta Peti.
2
Peti Perjangjian PANGERAN ayana di Kiryat Yarim lila pisan, kira-kira dua puluh taun. Nya sakitu lilana urang Israil tingaraduh butuh ku pitulung PANGERAN.
3
Geus kitu Samuel ngalahir ka urang Israil, ”Lamun bener maraneh rek enya-enya tarobat ka PANGERAN, aallahan bangsa sejen jeung arca-arca Dewi Astoret kudu dipiceun, singkirkeun. Pasrahkeun diri sagemblengna ka PANGERAN, sarta kudu nyembah ka Mantenna bae. Tangtu Mantenna bakal ngaluputkeun maraneh tina kakawasaan urang Pelisti.”
4
Seug urang Israil miceunan sesembahanana, arca Dewa Baal jeung arca Dewi Astoret, terus nyarembahna ngan ka PANGERAN wungkul.
5
Geus kitu Samuel marentah supaya urang Israil kumpul kabeh di Mispa. Saurna, ”Bapa arek mangnedakeun maraneh di ditu.”
6
Seug urang Israil ngumpul di Mispa. Ti dinya maranehna nimba, caina dibahekeun tanda dibaktikeun ka PANGERAN. Sapoe eta maranehna paruasa sarta ngaromong kieu, ”Kuring tarima dosa ka PANGERAN.” (Ari Samuel di Mispa teh muka pangadilan, ngahakiman perkara urang Israil.)
7
Urang Pelisti meunang beja yen urang Israil keur kumpul di Mispa, seug lima raja urang Pelisti budal mawa balad arek nempuh. Urang Israil sarieuneun,
8
pok arunjukan ka Samuel, ”Mugi ulah petot-petot neneda ka Allah urang, mugi-mugi urang ku Mantenna diluputkeun ti urang Pelisti.”
9
Samuel meuncit hiji anak domba, tuluy diduruk kabeh dikurbankeun ka PANGERAN. Geus kitu anjeunna sasambat ka PANGERAN nyuhunkeun pitulung pikeun urang Israil. Panyambatna ku PANGERAN dikabul.
10
Waktu Samuel keur ngahaturkeun eta kurban, urang Pelisti geus murubul arek nyelempek. Tapi ku PANGERAN dipapag ku sora pating gulugur di langit, tuluy gujrud nepi ka paburisat.
11
Breg ku urang Israil diambreg ti Mispa, terus dibeledig meh nepi ka Bet Kar, sapapanjang jalan disarabetan ku pedang.
12
Geus kitu Samuel nangtungkeun hiji batu antara Mispa jeung Sen, sarta saurna, ”Tepi ka poe ieu PANGERAN mitulung ka urang.” Eta batu ku anjeunna dingaranan ”Eben Haeser” hartina: Batu Pitulung.
13
Urang Pelisti geus eleh. Saterusna ku PANGERAN dicegah sangkan maranehna ulah bisa deui ngarurug ka wewengkon urang Israil sapanjang Samuel jumeneng.
14
Kota-kota antara Ekron jeung Gat anu geus karebut ku urang Pelisti, kabeh beunang deui ku urang Israil. Ku hal eta wewengkon Israil jadi weuteuh deui. Jaba ti kitu, urang Israil jadi rapih jeung urang Kanaan.
15
Samuel ngapingna ka urang Israil teh sapanjang jumenengna.
16
Saban taun anjeunna sok nguriling ka Betel, Gilgal jeung Mispa, sarta saban-saban sumping sok muka pangadilan ngahakiman perkara.
17
Sabada kitu tuluy mulih ka Ramah. Di dinya ge jadi hakim. Di Ramah anjeunna ngadegkeun hiji altar baktikeuneun ka PANGERAN.
← Chapter 6
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 8 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31