bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Deuteronomy 13
Deuteronomy 13
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 12
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 14 →
1
Bisa jadi engke aya nabi atawa tukang norah impian-impian, nyebutkeun yen bakal aya mujijat atawa kaahengan,
2
anu maksudna rek ngagembang, sangkan maraneh ngabakti ka allah-allah anu samemehna tacan disembah ku maraneh. Kahade, najan upama panorahna bukti oge,
3
maraneh ulah kagoda. Eta jelema saenyana keur dianggo jalan ku PANGERAN anu rek nguji kasuhudan hate maraneh ka Mantenna.
4
Sing junun ka PANGERAN, sing hormat, sing ngesto jeung tigin kana sagala timbalana-Na, ngabakti sarta satuhu.
5
Hukum paeh sakur tukang norah impian, atawa nabi anu ngicuk-ngicuk sangkan maraneh ngalawan ka PANGERAN, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir urut maraneh dibadegakeun. Eta jelema teges doraka, ngagembang ka maraneh ngajak ingkar tina lampah hirup anu dipundut ku PANGERAN. Paehan bae, supaya maraneh luput tina dosa sarupa kitu.
6
Bisa jadi malah aya dulur, atawa anak lalaki, anak awewe, pamajikan, atawa sobat dalit, ngajak nyembah ririkipan ka allah-allah sejen, anu ku maraneh jeung ku karuhun maraneh can kungsi disembah.
7
Teu mustahil ti antarana aya anu ngagoda ka maraneh, ngajak ngabakti ka allah-allah urang dinya anu deukeut-deukeut ka maraneh atawa anu jauh.
8
Ulah kabengbat, ulah didenge. Ka jelema kitu ulah karunya atawa watir, ulah hayang ngabela.
9
Paehan! Benturan ku batu, maraneh anu kudu nimpugan ti heula, tuluy ku sarerea.
10
Haben timpugan ku batu nepi ka paeh! Sabab ngajak ingkar ti PANGERAN Allah maraneh, anu nyalametkeun maraneh ti Mesir, tempat maraneh dibadegakeun.
11
Sina kauar-aer ka sakumna bangsa Israil, sina sarieuneun, supaya ulah aya deui anu migawe kadorakaan saperti kitu.
12
Di mana maraneh geus maratuh di kota-kota anu geus dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, lamun ngadenge beja
13
aya bangsa sorangan anu bangkawarah ngamurtadkeun warga kota sina ngabarakti ka allah-allah sejen anu ku maraneh tara disembah,
14
dongdon, talengteng sing gemet. Lamun enya aya kajadian kitu,
15
jelema-jelemana paehan kabeh katut jeung ingon-ingonna. Kotana tumpurkeun.
16
Harta bandana tumpukkeun di alun-alun, duruk kotana jeung sagala eusina, jieun kurban ka PANGERAN Allah maraneh, sina kari urut sapapanjangna. Ulah diadegkeun deui.
17
Naon bae anu asal ti dinya kudu diharamkeun, basmi sama sakali. Kade, ulah aya anu dicokot keur diri sorangan. Sangkan PANGERAN lemper benduna, kersaeun mikawelas ka maraneh, kersaeun maparin kurnia ngalobakeun bilangan maraneh, sakumaha jangji-Na ka karuhun maraneh,
18
asal maraneh tetep ngestokeun sagala parentah Mantenna, ngalampahkeun sagala pamundut-Na, sakumaha anu ku Bapa ditepikeun poe ieu.”
← Chapter 12
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 14 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34