bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Deuteronomy 27
Deuteronomy 27
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 26
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 28 →
1
Geus kitu Musa jeung para pamingpin Israil misaur ka jalma rea, kieu, ”Ayeuna raregepkeun ieu papatah Bapa:
2
Engke, dina poean meuntasan Walungan Yordan baris terus asup ka tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, kudu ngumpulkeun batu anu galede, baluran ku apu.
3
Kabeh ungel hukum Allah jeung pikukuh-pikukuh tea tuliskeun di dinya. Lamun geus narepi ka eta tanah anu makmur, anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah karuhun maraneh,
4
sanggeus araya di peuntaseun Walungan Yordan beulah ditu, maraneh kudu ngajugjug Gunung Ebal. Eta batu-batu teh tangtung-tangtungkeun di ditu, sarta baluran ku apu.
5
Jeung deui kudu nyieun hiji altar tina batu-batu anu can dipigawe make pakakas beusi,
6
sabab altar haturan PANGERAN mah kudu batu-batu weuteuh guluntungan. Dina eta altar maraneh kudu nyanggakeun kurban-kurban anu kudu dibeuleum.
7
Jeung kudu meuncit kurban-kurban pikeun panarima, didalahar di tempat eta, payuneun PANGERAN, nandakeun kabungah.
8
Tuliskeun ungel hukum-hukum PANGERAN dina batu-batu anu beunang ngabaluran ku apu tea.”
9
Geus kitu Musa jeung imam-imam urang Lewi ngalahir deui, ”Regepkeun, eh sakumna bangsa Israil! Poe ieu maraneh geus jadi umat kagungan PANGERAN Allah maraneh.
10
Sing gumati ka Mantenna, gumatikeun sagala pikukuh Mantenna anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu.”
11
Ngalahir deui Musa ka urang Israil,
12
”Di ditu, sanggeus meuntasan Walungan Yordan, waktuna jalma-jalma diberkahan, kaom Simeon, kaom Lewi, kaom Yuda, kaom Isaskar, kaom Yusup, jeung kaom Binyamin, kudu narangtung di Gunung Gerisim.
13
Kaom Rubin, kaom Gad, kaom Aser, kaom Sebulun, kaom Dan, jeung kaom Naptali, kudu narangtung di Gunung Ebal.
14
Urang Lewi kudu ngucapkeun ieu embaran sing bedas, sarta urang Israil kudu ngajawab, ’Amin’.
15
Urang Lewi, ’Sing disapa ku Allah, jelema anu nyieun arca ku batu, kayu, atawa ku logam, seug disembah susulumputan. PANGERAN mikagiruk ka nu nyembah ka brahala.’ Jalma rea kudu ngajawab, ’Amin!’
16
’Sing disapa ku Allah, jelema anu teu hormat ka bapa atawa ka indung, sarta ngantep maranehna kalantar.’ Umat sakumna, ’Amin!’
17
’Sing disapa ku Allah, jelema anu mindahkeun patok wates lahan batur.’ Umat sakumna, ’Amin!’
18
’Sing disapa ku Allah, jelema anu ngalejokeun nu lolong sina sasab.’ Umat sakumna, ’Amin!’
19
’Sing disapa ku Allah, jelema anu ngarampas hak jalma ngumbara, hak para pahatu, jeung hak randa-randa.’ Umat sakumna, ’Amin!’
20
’Sing disapa ku Allah, jelema anu kurang ajar ka bapa, manjingan salah saurang pamajikan bapana.’ Umat sakumna, ’Amin!’
21
’Sing disapa ku Allah, jelema anu manjingan sato.’ Umat sakumna, ’Amin!’
22
’Sing disapa ku Allah, jelema anu manjingan dulur teges atawa dulur tere.’ Umat sakumna, ’Amin!’
23
’Sing disapa ku Allah, jelema anu manjingan mitoha awewe.’ Umat sakumna, ’Amin!’
24
’Sing disapa ku Allah, jelema anu bubunian maehan.’ Umat sakumna, ’Amin!’
25
’Sing disapa ku Allah, jelema anu daek disogok maehan nu tanpa dosa.’ Umat sakumna, ’Amin!’
26
’Sing disapa ku Allah, jelema anu ingkar tina pikukuh jeung papakon Allah.’ Umat sakumna, ’Amin!’ ”
← Chapter 26
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 28 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34