bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Deuteronomy 23
Deuteronomy 23
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 22
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 24 →
1
”Jalma kabiri kitu deui anu buntung rarangan, henteu meunang jadi umat PANGERAN.
2
Jalma anu lahir di luar tikah jeung turunanana, najan nepi ka turunan nu kasapuluh ge teu meunang jadi umat PANGERAN.
3
Urang Amon, urang Moab, saanak incuna, najan geus turunan nu kasapuluh teu meunang jadi umat PANGERAN.
4
Basa maraneh di satengahing jalan tas ti Mesir, eta dua bangsa arembungan mere dahareun jeung cai-cai acan, anggur ngongkos Balhum anak Beor urang Petor ti Mesopotami sina nyapa ka maraneh.
5
Sukur PANGERAN Allah maraneh anu asih ka maraneh henteu malire ka Balhum, malah panyapana ku Mantenna dibalik jadi berkah.
6
Ku sabab kitu, sapanjang maraneh kasebut bangsa mah ulah daek mere pitulung naon-naon ka eta dua bangsa, ulah mere anu bakal jadi kamuktianana.
7
Urang Edom ulah dipikagiruk, baraya maraneh eta teh. Urang Mesir oge ulah dipikagiruk, sabab maraneh bareto milu numpang di tanahna.
8
Anak incu maranehna ti semet turunan katilu saterusna meunang jaradi umat PANGERAN.”
9
”Dina waktu perang, pasanggrahan balad ulah nepi ka kanajisan.
10
Lamun ti peuting aya anu ngimpi baseuh nepi ka dirina najis, kudu buru-buru kaluar ti pasanggrahan, cicing di dinya
11
nepi ka burit, geus kitu tuluy beberesih. Sanggeus surup panonpoe kakara meunang asup deui ka pasanggrahan.
12
Di luareun pasanggrahan kudu aya tempat paranti miceun.
13
Ana maraneh aya kaperluan ka dinya kudu mawa cocokel keur nyieun lombang kotoran, urutna kudu dirimbunan.
14
Kahade pasanggrahan ulah kanajisan, sabab di pasanggrahan teh aya PANGERAN Allah maraneh nyarengan, ngaraksa, bakal nyerenkeun musuh ka maraneh. Jadi maraneh di pasanggrahan teh ulah nyieun lampah nista, sabab geus tangtu PANGERAN ngalieus ti maraneh.”
15
”Badega anu kabur ti nu bogana sarta menta dibelaan, ku maraneh ulah diserenkeun deui ka nu bogana.
16
Keun sina cicing di kota maraneh di mana sukaeunana, jeung ulah dikaniaya.
17
Urang Israil lalaki awewe ulah aya anu lacur di kuil-kuil pamujaan,
18
jeung duit ladang lacur ulah dipake mayar panadaran, teu meunang diasupkeun ka gedong PANGERAN Allah maraneh, sabab nu lacur di kuil-kuil pamujaan jeung duit ladang palacuran teh kagiruk PANGERAN.
19
Lamun nginjeumkeun duit, dahareun atawa naon bae ka sasama urang Israil, ulah menta dianakan.
20
Meunang menta dianakan lamun nginjeumkeunana ka bangsa sejen. Ka sasama Israil mah ulah. Ieu larangan estokeun, supaya sagala usaha maraneh di tanah anu bakal dipaparinkeun teh meunang berkah ti PANGERAN Allah maraneh.
21
Lamun boga panadaran ka PANGERAN Allah maraneh, naurna ulah diengke-engke, ulah datang ka diangkeran ku PANGERAN, dosa.
22
Teu nadar ge teu matak jadi dosa.
23
Tapi lamun geus ikrar panadaran peupeujeuh kudu ditedunan.
24
Lamun ngaliwat ka kebon anggur batur anu keur baruahan, bisi hayang mah pek bae ngala sakadar keur dahareun di dinya, tapi teu meunang diwadahan terus dibawa balik.
25
Kitu deui lamun ngaliwat ka kebon gandum batur, pek bae marol sarawueun mah dahareun di dinya, kahade ulah nepi ka dibabad tangkalna.”
← Chapter 22
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 24 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34