bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Deuteronomy 25
Deuteronomy 25
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 24
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 26 →
1
”Upamana, aya dua jelema urang Israil daratang ka pangadilan arek muguhkeun perkarana. Nu saurang diputus teu salah, nu saurang deui diputus salah.
2
Lamun anu salah teh kudu dihukum rangket, ku hakim kudu disina nangkuban, tuluy rangket. Lobana pangrangket gumantung kana kajahatan anu dilampahkeunana.
3
Tapi teu meunang leuwih ti opat puluh kali. Sabab leuwih ti sakitu mah sarua jeung diwiwirang di hareupeun umum.
4
Sapi anu keur dipake ngirik gandum ulah dicalongcongan.”
5
”Upamana, aya dua jelema adi lanceuk, cicing reureujeungan di lahan sahiji. Nu saurang maot jeung teu ninggalan anak. Urut pamajikanana teu meunang kawin deui salian ti ka lalaki ti kalangan kulawarga eta keneh.
6
Dulurna almarhum teh wajib ngawin eta awewe, sarta ana engkena boga anak, cikalna kudu diitung anak almarhum dulurna, supaya silsilah almarhum ulah leungit ti Israil.
7
Upama dulur almarhum embungeun ngawin, eta awewe kudu pupulih ka rengrengan kokolot kota, ’Dulur jenatna pun lanceuk teu sayagi nedunan kawajiban, embungeun masihan turunan ka dulur. Pun lanceuk tangtos moal gaduh turunan di Israil.’
8
Lalaki tea ku para kokolot kota kudu disaur terus weweleh. Lamun keukeuh teu daekeun ngawin,
9
ku eta awewe kudu disampeurkeun disaksian ku para kokolot kota, pecatkeun tarumpahna, ciduhan beungeutna, bari disebut kieu: ’Sing dikieukeun jelema anu embung mere turunan ka dulurna sorangan.’
10
Saterusna kulawarga eta jelema ku urang Israil kudu disebut ’kulawarga jalma anu pecat tarumpah’.”
11
”Upamana, aya dua lalaki garelut. Bojo nu saurang datang mantuan salakina, newak rarangan lawan.
12
Eta awewe kudu diteukteuk leungeunna, ulah karunya.
13
Ulah licik kana timbangan jeung takeran.
15
Timbangan kudu jejeg imbangna, takeran kudu jejeg takeranana, sangkan maraneh manjang hirup di tanah anu bakal dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh.
16
Jelema curang kagiruk PANGERAN.”
17
”Sing aringet, kumaha kalakuan bangsa Amalek basa maraneh tas budal ti Mesir.
18
Taya pisan ngupamana ka Allah, make narajang tur ti tukangeun, sajeroning maraneh keur kalempohan beakeun tanaga. Bangsa urang anu kataringgaleun lantaran mopo, beak ditumpes.
19
Nu matak lamun engke geus araya di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, lamun geus lugina ti musuh-musuh anu di sakurilingeun, kudu ngagempur bangsa Amalek, tumpes kabeh sina ulah kasebut-sebut deui. Kahade paroho!”
← Chapter 24
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 26 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34