bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Deuteronomy 14
Deuteronomy 14
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 13
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 15 →
1
”Maraneh teh umat PANGERAN Allah maraneh. Lamun katinggal maot ulah sok nurihan maneh atawa ngabotakan sirah lebah tarang kawas adat bangsa sejen.
2
Maraneh mah milik Gusti PANGERAN Allah maraneh. Geus dipisahkeun ti bangsa-bangsa sejen, dijadikeun umat Mantenna.”
3
”Naon-naon anu diharamkeun ku PANGERAN ulah didahar.
4
Sato anu meunang didahar dagingna nya eta: sapi, domba, embe,
5
mencek, domba leuweung, embe leuweung, atawa uncal,
6
tegesna sato anu cekerna beulah dua jeung ngagayem.
7
Sato anu teu ngagayem jeung anu kukuna teu beulah, teu meunang didahar. Onta, kelinci, marmot, teu meunang didahar, enya ge ngagayem tapi cekerna henteu beulah.
8
Babi kudu diharamkeun, sabab enya ge cekerna beulah dua tapi henteu ngagayem. Ulah-bon didahar, dicabak bangkena ge ulah.
9
Sagala rupa lauk anu cecepetan jeung sisitan meunang didahar.
10
Sato cai anu henteu cecepetan atawa henteu sisitan kudu diharamkeun, ulah didahar.
11
Sagala rupa manuk anu halal meunang didahar.
12
Anu henteu meunang didahar nya eta: rajawali, bueuk, rupa-rupa heulang, dadali, alap-alap, kaak, gagak, manuk onta, camar, belokok jeung rupa-rupa manuk bango, julang, kapimis, koreak jeung kalong.
19
Bangsa serangga anu jarangjangan haram, teu meunang didahar.
20
Bangsa serangga anu henteu haram, meunang didahar.
21
Sato anu paeh ku maneh teu meunang didahar, tapi meunang didahar ku urang asing anu cicing di maraneh, atawa jual ka urang asing. Omat, maraneh mah ulah ngadahar, da geus jadi milik PANGERAN Allah maraneh, umat kagungana-Na. Jeung ulah ngulub daging anak domba atawa anak embe ku cisusu indungna.”
22
”Hasil bumi saban taun kudu dijakatkeun saperpuluh.
23
Perpuluhan gandum, cianggur, minyak jetun, cikal sapi, cikal domba, bawa sarta dahar di tempat ngabakti ka PANGERAN beunang ngabakukeun Mantenna. Biasakeun kitu nandakeun maraneh saumur-umur ngamulyakeun ka PANGERAN Allah maraneh.
24
Upama tempat ngabakti teh jauh teuing ti imah nepi ka hese mawa perpuluhan berkah PANGERAN ka ditu, kieu bae:
25
Perpuluhanana jual heula. Anu dibawa ka tempat anu dipilih ku PANGERAN teh duitna.
26
Beulikeun kana naon bae: sapi atawa embe domba, anggur atawa tuak. Pek di eta tempat, di payuneun PANGERAN Allah maraneh, maraneh dalahar jeung kulawarga, sarta senang-senang.
27
Ulah poho ka urang Lewi batur sakota, kawantu teu barogaeun tanah milik.
28
Unggal-unggal tutup taun katilu, maraneh kudu marawa saperpuluhna tina hasil tanah, kumpulkeun di kota-kota maraneh.
29
Eta bahan dahareun teh keur urang Lewi, da teu barogaeun tanah milik, pikeun urang asing, pikeun yatim pahatu jeung randa-randa, anu caricing di kota-kota maraneh. Maranehna meunang daratang nyarokot naon bae butuhna. Lamun hal eta ku maraneh dilampahkeun, sagala usaha maraneh tangtu baris diberkahan ku PANGERAN Allah maraneh.”
← Chapter 13
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 15 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34