bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Deuteronomy 18
Deuteronomy 18
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 17
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 19 →
1
”Ari imam-imam kaom Lewi, ku sabab henteu meunang bagian tanah milik, mareunangna pangasilan teh tina kurban-kurban jeung pangbakti-pangbakti anu dihaturkeun ka PANGERAN.
2
Maranehna teu meunang aya anu boga tanah milik cara kaom-kaom sejen, tapi dibere hak jaradi imam PANGERAN, sakumaha pangandika Mantenna tea.
3
Tiap-tiap aya kurban, sapi atawa domba, suku hareup ti semet walikat, cacapek, jeung kekemplong, kudu dibikeun ka para imam.
4
Hasil gandum munggaran, cianggur, minyak jetun jeung bulu domba, eta ge jang bagian maranehna.
5
Pangna kudu kitu, lantaran ti sakabeh kaom, kaom Lewi mah ku PANGERAN geus dibakukeun salawasna kudu ngimaman ngalalayanan Mantenna.
6
Upama aya urang Lewi asal ti kota mana bae di Israil datang ka tempat ngabakti anu dipilih ku PANGERAN, sarta hayangeun cicing di dinya,
7
manehna meunang ngalakonan tugas imamna ngalalayanan PANGERAN Allahna, cara urang Lewi lianna anu tugas di eta tempat.
8
Eta oge kudu dibere bagian dahareun hakna, sing sarua jeung nu sejen sasamana imam. Kitu deui naon bae pangirim ti kulawargana, eta ge keur manehna.”
9
”Saupama geus maratuh di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, peupeujeuh ulah nurutan kalakuan bangsa-bangsa urang ditu.
10
Ulah ngaduruk anak dijieun kurban dina altar. Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe,
11
atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh.
12
PANGERAN Allah maraneh mikaijid ka jelema anu kalakuanana sarupa kitu. Eta sababna bangsa-bangsa itu ku Mantenna diusir, disingkahkeun ti hareupeun maraneh.
13
Hirup maraneh kudu satia tuhu ka PANGERAN.”
14
Saur Musa deui, ”Bangsa-bangsa di tanah anu rek direbut tea, laku lampahna nuturkeun pituah tukang-tukang nujum jeung tukang-tukang ramal. Maraneh mah teu meunang kitu, dilarang ku PANGERAN Allah maraneh.
15
Sabalikna Mantenna baris ngutus hiji nabi ka maraneh, ti bangsa urang keneh, cara Bapa ayeuna. Ku maraneh kudu diturut.
16
Basa maraneh kumpul di Gunung Sinai, maraneh mani menta-menta ka Bapa supaya ulah dibere deui ngadenge gentra PANGERAN, ulah dibarere nenjo deui seuneu kamulyaana-Na, tina ku bawaning sarieun paeh.
17
Dawuhan PANGERAN ka Bapa harita kieu, ’Alus eta jelema-jelema marenta kitu, bener.
18
Lamun kitu engke ku Kami dibere nabi bae, anu cara maneh sarta anu asal ti maranehna keneh. Naon-naon anu kudu dipicatur ku eta nabi tangtu engke ku Kami dipapatahkeun. Nya manehna anu bakal nyaturkeun timbalan-timbalan Kami ka eta jelema-jelema.
19
Cacaturna kudu mawa jenengan Kami. Jalma anu teu nurut kana omonganana ku Kami tangtu dihukum.
20
Tapi sabalikna deui, upama aya nabi anu lancang nyaturkeun amanat mawa jenengan Kami, padahal Kami henteu ngadawuhkeun naon-naon, eta nabi tangtu tiwas. Kitu keneh nabi anu micatur make ngaran allah-allah sejen.’
21
Meureun ceuk maraneh, ’Kumaha rek kanyahoanana yen anu diucapkeun ku eta nabi teh lain asal ti PANGERAN?’
22
Najan mawa jenengan PANGERAN, ari omonganana henteu bukti mah lain asal ti PANGERAN, asal tina karepna sorangan bae, ulah dipikasieun.”
← Chapter 17
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 19 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34