bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Jeremiah 1
Jeremiah 1
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 2 →
1
Ieu kitab nyaritakeun kasauran Yermia, putra hiji imam di kota Anatot di tanah Binyamin anu jenengan Hilkia.
2
Dina taun katilu belas jaman raja Yuda anu jenengan Yosia putra Amon, Yermia nampi dawuhan ti PANGERAN.
3
Jaman Yoyakim putra Yosia ngarajaan Yuda, Yermia nampi deui dawuhan PANGERAN. Ti harita mah sering nampina dawuhan PANGERAN teh, nepi ka taun kasabelas pamarentahan Raja Sidkia putra Yosia. Ari dina bulan kalima taun eta, urang Yerusalem teh diakut ka pangbuangan.
4
PANGERAN nimbalan ka kaula,
5
”Maneh, ti memeh ku Kami dihirupkeun, ku Kami geus kapilih, geus ditangtukeun ti memeh dijurukeun keur pinabieun bangsa-bangsa.”
6
Jawab kaula, ”Gusti, PANGERAN, abdi henteu tiasa cacatur jalaran ngora keneh pisan.”
7
Tapi dawuhan PANGERAN ka kaula, ”Ulah majar ngora keneh pisan. Datangan jalma-jalma anu ceuk Kami kudu didatangan, sarta omongkeun ka maranehna sakur anu ku Kami dititah diomongkeun.
8
Tong sieun-sieun, sabab ku Kami tangtu diaping ditangtayungan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN!”
9
Ti dinya PANGERAN ngulurkeun panangan, nyabak biwir sim kuring bari ngadawuh, ”Regepkeun, ieu Kami mere ucapan-ucapan anu kudu diomongkeun ku maneh.
10
Poe ieu maneh ku Kami dibere kawasa geusan ngawasaan bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan, kawasa nyabut jeung ngarabut, kawasa numpur jeung ngagempur, kawasa nancebkeun jeung melakkeun.”
11
PANGERAN mariksa ka kaula, ”Yermia, naon nu katenjo?” Piunjuk kaula, ”Sumuhun, ningal hiji dahan kanari.”
12
”Enya, bener,” dawuhan PANGERAN, ”Kami geus tarapti geusan ngalaksanakeun timbalan Kami.”
13
Geus kitu PANGERAN mariksa deui, dawuhana-Na, ”Nenjo naon deui?” Piunjuk kaula, ”Ningal aya pariuk di palih kaler, eusina keur ngagolak, sareng bade bahe ka palih dieu.”
14
Dawuhana-Na ka kaula, ”Aya bahla ngagolak ti beulah kaler, baris narajang ka nu araya di ieu tanah,
15
sabab Kami keur nyalukan sakabeh bangsa urang kaler, sina ka darieu. Raja-rajana bakal masangkeun tahtana masing-masing di lawang-lawang Yerusalem jeung di sakurilingeun kuta-kutana, kitu deui di sakurilingeun kota-kota di Yuda.
16
Umat Kami ku Kami arek dihukum lantaran geus darosa, geus naringgalkeun Kami, geus ngurban ka ilah-ilah sejen jeung ngabarakti ka arca-arca bubuatanana.
17
Geura tarapti, Yermia, datangan eta jelema-jelema teh. Sagala timbalan Kami anu diparentahkeun ka maneh, tepikeun ka maranehanana. Ulah sieun-sieun, bisi maneh ku Kami dihaja sangkan sieun ari geus aya di maranehanana.
18
Regepkeun ieu, Yermia! Poe ieu maneh ku Kami dibere kakuatan, kuat saibarat kota anu dibenteng, saibarat pilar beusi, saibarat kuta tambaga, sanggup nadah panarajang maranehanana. Jalma-jalma ieu tanah, nya eta raja-raja Yuda, kapala-kapala, imam-imam katut rahayat,
19
kabeh bakal ngalawan ka maneh. Tapi ka maneh hamo aya nu kuat, sabab maneh diaping ditangtayungan ku Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 2 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50
51
52