bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Jeremiah 18
Jeremiah 18
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 17
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 19 →
1
PANGERAN nimbalan ka kaula,
2
”Maneh kudu indit ka imah panjunan, Kami rek mere timbalan di dinya.”
3
Bral kaula indit. Ki panjunan kasampak keur barangjieun dina pamuteranana.
4
Ana hiji wadah geus ngabangun tapi bangunna kurang bener, taneuh lempungna dibangun deui dijieun wadah naon bae.
5
Timbalan PANGERAN ka kaula,
6
”Lain bisa Kami oge kua-kieu ka maraneh, urang Israil, kawas eta panjunan kana taneuh lempung? Maraneh dina dampal leungeun Kami lir ibarat taneuh lempung dina dampal leungeun panjunan.
7
Najan Kami dina hiji waktu geus ngandika rek ngarabut, ngaburak-barik, atawa ngagempur hiji bangsa atawa karajaan,
8
tapi upama eta bangsa teh tobat, eureun tina lampahna nu jahat, eta pangandika Kami moal dilaksanakeun.
9
Nya kitu deui hiji bangsa atawa karajaan anu geus disebut ku Kami rek dipelak atawa diadegkeun,
10
tapi upama eta bangsa teu nurut ka Kami sarta migawe kagorengan, Kami moal tulus ngabuktikeun eta pangandika.
11
Jadi bejakeun ayeuna ka urang Yuda jeung urang Yerusalem yen Kami keur nyieun rarancang pikeun ngalawan maranehna sarta geus sadia pikeun ngahukumna. Titah, maranehna kudu eureun tina cara hirup anu pinuh ku dosa, kudu ngomean kalakuan jeung lampahna.
12
Tangtu ku maranehna dijarawab kieu, ’Ah, keur naon tobat! Mending kieu cara ayeuna, bedegong, goreng, kuma kahayang.’ ”
13
PANGERAN nimbalan, ”Tanyakeun ka unggal bangsa, naha geus kungsi kajadian hal nu saperti kitu? Urang Israil geus nyarieun kalakuan anu pohara parnana!
14
Cik ari poponclot-poponclot karang di Gunung Libanon kungsi henteu katutup ku salju? Jeung walungan ti eta gunung, anu caina nyecep tiis, naha kungsi saat?
15
Tapi umat Kami mah nepi ka paroho ka Kami, ngararukus ka brahala-brahala. Maranehna geus titarajong di jalan nu disorangna, teu nuturkeun deui jalan heubeul anu bener, nu dituturkeunana teh jalan anu teu make tetenger.
16
Ieu nagri ku maranehanana geus dijieun tempat anu pikasieuneun sarta jadi bahan pamoyok. Sakur anu ngaliwat ka dinya, tingraranjug ku tetenjoanana, garogodeg mangherankeun.
17
Umat Kami rek disina paburisat hareupeun musuh-musuhna, lir kekebul katebak angin ti wetan. Ku Kami rek ditonggongan; lamun balahina geus datang, maranehna moal ditulungan.”
18
Geus kitu jelema-jelema teh ngaromong kieu, ”Yermia urang arah, sina cilaka! Imam pikeun ngawulang mah loba keneh, anu palinter geusan mamatahan urang moal kurang, sarta nabi anu baris nguarkeun timbalan Allah oge salawasna aya bae. Urang kelakkeun jeung omonganana ulah didarenge deui.”
19
Seug kaula neneda, ”Nun PANGERAN, dangukeun ieu piunjuk abdi. Oge dangukeun omongan eta musuh-musuh abdi tina hal diri abdi.
20
Naha pantes kasaean dibales ku kajahatan? Maranehna parantos ngarali lombang keur ngagebruskeun abdi. Gusti emut, abdi sok ngadeuheus ka Gusti, ngabelaan maranehanana, mangnedakeun supados Gusti ulah kantos ngabudalkeun bebendu ka maranehanana.
21
Nanging ayeuna mah nun PANGERAN, mugi anak-anakna sina tumpes ku kalaparan, maranehanana sorangan sina tumpur ku perang. Awewe-awewe sina katinggal ku salaki sareng ku anak, nu karolot sina maraot ku panyakit, barudak ngorana sina paraeh di medan perang.
22
Rumah tanggana kalawan taya beja taya carita sina diranjah ku gorombolan; sina tinggaroak ku kasieun. Maranehanana parantos ngarali lombang keur ngagebruskeun abdi, marasang pitapak keur newak abdi.
23
Gusti nu langkung uninga kana niat maranehanana bade ngabinasa ka abdi. Kajahatanana ulah dihampura, dosana ulah dipaparin ampun. Balang-balangkeun maranehanana sina pasiksak, bendu Gusti budalkeun.”
← Chapter 17
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 19 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50
51
52