bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Jeremiah 21
Jeremiah 21
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 20
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 22 →
1
Raja Sidkia, nya eta raja nagara Yuda, ngutus Pashur bin Malkia jeung Imam Sepanya bin Maaseya, kalawan pamundut kieu:
2
”Cik pangunjukkeun ka PANGERAN, sabab Nebukadnesar raja Babul sabaladna keur ngepung nagara urang. Malakmandar PANGERAN kersa midamel salah sahiji mujijat-Na, pikeun ngundurkeun Nebukadnesar.”
3
Geus kitu PANGERAN nimbalan ka kaula. Tuluy kaula nitah ka eta jalma-jalma anu diutus,
4
supaya maranehna unjukan ka Sidkia, yen PANGERAN, Allah Israil, ngandika kieu, ”Eh Sidkia, balad maneh anu ngayonan raja Babul sabaladna, ku Kami rek sina eleh. Pakarang-pakarangna ku Kami rek ditumpukkeun di tengah kota.
5
Jeung Kami sorangan bakal merangan ka maneh, ngetrukkeun sagala kakuatan, amarah, kajengkel jeung katugenah.
6
Anu araya di ieu nagara sakabehna ku Kami rek ditumpes; boh jelema boh sato, sina paraeh ku pagebug anu kacida hebatna.
7
Ari maneh, kitu deui para pajabat jeung rahayat anu teu kasabet ku perang, anu teu kasabet ku kalaparan jeung teu keuna ku pagebug, ku Kami rek diselehkeun ka Raja Nebukadnesar sabaladna anu geregeteun hayang maehan ka maneh. Maneh ku Nebukadnesar bakal dipaehan. Saha bae oge ti pihak maneh ku Nebukadnesar moal aya nu dibere ampun, moal aya nu dipikarunya. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
8
Geus kitu PANGERAN nimbalan ka kaula, miwarang nyarita ka rahayat, kieu, ”Darengekeun! Kami, PANGERAN, rek mere piliheun ka maraneh, antara jalan pisalameteun jeung jalan pipaeheun.
9
Anu caricing bae di jero kota bakal tumpes ku perang, atawa ku kalaparan, atawa ku pagebug. Tapi sing saha anu kaluar masrahkeun maneh ka urang Babul anu ayeuna keur nempuh ieu kota, moal kungsi dipaehan, paling apesna bisa keneh hirup.
10
Geus dipastikeun ku Kami, ieu kota moal salamet, tangtu ku Kami dibasmi. Rek diselehkeun ka raja Babul, sina dihuru, diratakeun jeung taneuh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
11
PANGERAN nimbalan ka kaula supaya nepikeun pangandika-Na ka eusi karaton raja Yuda.
12
Kieu, ”Eh turunan Daud, darengekeun ieu pangandika Kami, PANGERAN. Laksanakeun saban poe hukum nu adil. Belaan sakur nu ditipu, leupaskeun ti anu nipuna. Upama teu kitu, eta lampah maneh anu goreng teh tangtu ngagedurkeun amarah Kami lir seuneu anu moal bisa dipareuman.
13
Maneh, Yerusalem, maneh ngajenggleng ngaluhuran lebak-lebak, lir gunung karang ngajegir ngaluhuran padataran. Maneh mo burung diperangan ku Kami. Carek maneh moal beunang ditarajang, pertahanan maneh moal bisa didobrak.
14
Maneh ku Kami tangtu dihukum satimpal jeung kalakuan. Karaton maneh katut sagala rupa di sakurilingeunana, ku Kami bakal dihuru. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
← Chapter 20
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 22 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50
51
52