bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Jeremiah 30
Jeremiah 30
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 29
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 31 →
1
PANGERAN, Allah Israil,
2
nimbalan ka kaula, ”Catetkeun sagala hal anu geus diandikakeun, jieun buku.
3
Sabab geus meh cunduk kana waktu, Kami rek ngajait Israil jeung Yuda, umat Kami. Sina marulang deui ka dieu, tanah milik karuhunna ti Kami, sina kapimilik deui ku maranehna. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
4
Kieu timbalan PANGERAN ka urang Israil jeung urang Yuda,
5
”Aya sora kadangu ku Kami, sora nu geumpeur, sora nu sieun, nu taya katengtreman.
6
Geus, geura repeh! Coba pikir, na ari lalaki osok ngajuru? Parandene katingalina ku Kami, unggal lalaki pepelengkingan nyarekelan beuteung, kawas awewe rek ngajuru bae! Ku naon unggal beungeut sararepa?
7
Enya nyanghareupan mangsa pibahlaeun tea mah, pibahlaeun gede, taya babandinganana, anu baris nyorang ka umat Kami, tapi umat Kami tangtu bisa luput.”
8
Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, ”Lamun eta mangsa geus datang, Kami rek minggeskeun pasangan tina beuheung umat Kami, rantena diudar. Umat Kami geus teu kudu ngabdi deui ka bangsa batur.
9
Ngabdina bakal ka Kami, PANGERAN Allahna, jeung ka hiji jelema turunan Daud, anu ku Kami rek dibere tahta, jadi raja.
10
Tong sarieun, eh umat Kami! Tong reuwas-reuwas, eh urang Israil! Maraneh ku Kami tangtu dijait, rek disusul ka nu jauh, diala ti pangbuangan. Maraneh tangtu marulang ka nagri sorangan, hirup dina kabagjaan, sepi karisi karempan.
11
Tangtu ku Kami diteang, disalametkeun. Ari bangsa-bangsa, tempat maraneh ku Kami dipaburencaykeun, eta geus tangtu dibasmi. Moal, maraneh mah moal dibasmi. Bener sok dihukum tea mah ku Kami, tapi Kami ngahukum teh reujeung adil. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
12
Timbalan PANGERAN ka umat-Na, ”Raheut maneh henteu bisa diubaran, bohak-bohakna henteu bisa ditambaan.
13
Mana taya anu mirosea, mana kanyeri taya ubarna, raheutna samar bisa cageur.
14
Kakasih-kakasih geus mopohokeun, geus teu harayangeun malire. Kami ka maneh narajang kawas ka musuh, ngahajar bengis kacida, sabab maneh loba dosa, jarahat kabina-bina.
15
Meugeus, kanyeri teh ulah dipake rumahuh, geus taya piubareunana. Mana disiksa nepi ka kitu ge sabab maneh loba dosa, jarahat kabina-bina.
16
Tapi ayeuna, anu bareto ngalegleg, bakal dilegleg. Musuh maneh bakal dibuang. Nu bareto nganiaya, rek dikaniaya. Anu bareto ka maneh ngaranjah, bakal aya nu ngaranjah.
17
Maneh ku Kami rek dicageurkeun, raheutna urang ubaran, najan ceuk musuh, ’Sion geus jadi ruruntuhan, enggeus euweuh anu malire.’ Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
18
Timbalan PANGERAN, ”Umat Kami ku Kami rek dipulihkeun, ka lemburna dipulangkeun, unggal jelema rek dipikarunya. Yerusalem rek diadegkeun deui, karatonna diomean.
19
Eusi kotana bakal maruji sukur, sarurak saruka bungah. Ku Kami rek diberkahan, sina jembar baranahan, sina meunang kamulyaan.
20
Kakawasaan eta bangsa baris pulih deui, cara baheula bihari, ngadeg deui, nanjeur deui. Anu nganiaya ka maranehna, tangtu ku Kami dihukum.
21
Ari pirajaeunana nya ti bangsana keneh, pamarentahna nya ti maranehna keneh. Samangsa-mangsa ku Kami diondang, eta teh tangtu datang nemonan. Sabab saha nu wani datang ka Kami, lamun ku Kami henteu diondang?
22
Maranehna bakal piumateun Kami, Kami Allahna. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
23
Benduna PANGERAN lir topan, budalna lir angin ribut ngagelebug, nyamberan sirah jalma-jalma jahat. Moal waka eureun samemeh sagala pangersa-Na laksana. Hal eta kakara kaharti ku umat-Na dina mangsa nu bakal datang.
← Chapter 29
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 31 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50
51
52