bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Jeremiah 37
Jeremiah 37
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 36
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 38 →
1
Nebukadnesar, raja Babul, ngangkat Sidkia putra Yosia jadi raja Yuda, ngaganti Yoyakin putra Yoyakim.
2
Tapi Sidkia henteu tumut kana timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka kaula, kitu deui para pajabat jeung rahayatna.
3
Dina hiji waktu aya piwarangan Raja Sidkia ka kaula, nya eta Yukal bin Selemya jeung Imam Sepanya bin Maaseya, mundut dipangnedakeun ka PANGERAN, pikeun kapentingan bangsa.
4
Harita mah kaula can dipanjara, bebas keneh ka mana-mana di tengah jalma rea.
5
Ari balad Babul anu keur ngepung Yerusalem harita mundur, sabab meunang beja yen balad Mesir geus budal, sarta geus meuntasan tapel wates Mesir.
6
Ti dinya PANGERAN, Allah Israil nimbalan ka kaula
7
pikeun Sidkia. Timbalana-Na, ”Balad Mesir anu geus satengah jalan arek ngabantu maneh, bakal baralik deui ka nagrina.
8
Ari balad Babul bakal daratang narajang deui. Ibukota bakal karebut terus dihuru.
9
Kami, PANGERAN mere nyaho. Maraneh ulah ngabobodo diri sorangan, boga pikir urang Babul moal narajang deui. Sabab tangtu eta teh narajang deui.
10
Malah-malah najan upama balad Babul tea eleh ku maraneh, datang ka anu kari teh ngan tinggal anu raraheut parna tinggaloler sakemahna-sakemahna, eta anu raraheut parna teh tangtu tingkorejat deui, tuluy ngahuru ieu kota nepi ka rata jeung taneuh.”
11
Ku sabab balad Babul geus undur ti Yerusalem nyingkiran balad Mesir anu keur datang,
12
kaula indit ti Yerusalem ka daerah Binyamin, arek nyokot warisan bagian kaula ti kulawarga.
13
Barang nepi ka Gapura Binyamin, kaula ditahan ku kapala jaga di dinya, ngaranna Yeria bin Selemya, incuna Hananya. Carekna, ”Maneh rek belot ka urang Babul, hah!”
14
Ceuk kaula, ”Paliyas teuing! Bapa lain rek ngejat ka ditu!” Tapi Yeria embungeun ngadenge, malah terus nyerek, tuluy kaula dibawa ka para pajabat.
15
Para pajabat kacida arambekeunana, tuluy nitah supaya kaula disiksa, geus kitu kaula dikerem di imah jurutulis anu ngaran Yonatan, anu imahna geus dijadikeun panjara.
16
Di dinya kaula diteundeun di kamar leutik di jero taneuh, kacida lilana.
17
Dina hiji waktu diala ka karaton ku Raja Sidkia, dipariksa ririkipan, saurna, ”Kumaha, aya pangandika ti PANGERAN?” ”Aya,” jawab kaula, ”Sang Raja bakal diselehkeun ka raja Babul.”
18
Kaula unjukan deui, ”Naon dosa abdi ka Sang Raja, atanapi ka para pajabat, atanapi ka rahayat, dugi ka dipanjara?
19
Kumaha nasibna nabi-nabi Sang Raja, anu nyebatkeun raja Babul moal narajang ka Sang Raja sareng ka ieu nagri?
20
Gusti Sang Raja, abdi nyanggakeun panuhun, mugi kersa ngadangukeun sareng ngabulkeun. Abdi ulah diwangsulkeun deui ka jero panjara di rorompok Yonatan, margi tinangtos abdi teh maot di dinya.”
21
Raja Sidkia nimbalan supaya kaula ditahan di buruan karaton bae. Di dinya saban poe sok dianteuran roti sasiki ti tukangna. Tapi lila-lila mah di kota teh geus teu aya deui dahareun.
← Chapter 36
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 38 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50
51
52