bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Jeremiah 43
Jeremiah 43
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 42
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 44 →
1
Geus anggeus kaula nyarita ka jalma-jalma, nepikeun sagala pesen PANGERAN Allahna anu ku kaula kudu ditepikeun ka maranehna.
2
Ti dinya Asarya bin Hosaya, ku Yohanan bin Kareah, jeung ku jelema-jelema anu sarombong, ngaromong ka kaula, ”Bapa bohong. PANGERAN Allah urang henteu miwarang Bapa nyaurkeun yen kuring sarerea teu meunang arindit jeung maratuh di Mesir.
3
Bapa tangtu kaangsonan ku Baruk bin Neria geusan ngahalang-halang maksud kuring sarerea ngarah kuring ditangkep ku urang Babul ambeh ditumpes atawa diboyong ka Babul.”
4
Jadi boh Yohanan, boh kapala-kapala perjurit, boh jalma rea, anu ku PANGERAN ditimbalan yen kudu caricing di tanah Yuda bae teh henteu narurut.
5
Geus kitu Yohanan jeung kapala-kapala perjurit ngumpulkeun sesa-sesa jelema nu taringgaleun di Yuda, jeung anu kakara marulang ti tempat bacacarna, kabeh dibawa ka Mesir,
6
awewe, lalaki, barudak, putri-putri raja, jeung jalma-jalma anu ku kapala pasukan Nebusaradan dititipkeun ka Gedalya, malah kaula sorangan jeung Baruk bin Neria oge milu dibawa.
7
Kabeh arindit ka Mesir, teu narurut kana timbalan PANGERAN. Tuluy narepi ka kota Tahpanes.
8
Barang nepi ka dinya, kaula ditimbalan kieu ku PANGERAN,
9
”Maneh kudu nyokot batu anu galede, tuluy urugan ku taneuh porang, hareupeun gedong pamarentahan ieu kota, sing kasaksian ku urang Israil.
10
Bejakeun kieu ka maranehna: Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, rek miwarang abdi Kami, Raja Nebukadnesar ti Babul, sina ka dieu. Manehna bakal masang tahtana di luhureun eta batu anu diurugan ku maneh, sarta terus masangkeun kemahna di dinya.
11
Tangtu Nebukadnesar teh datang ka dieu, ngarebut Mesir. Saha-saha anu geus dikudukeun paeh ku pagebug, nya paeh ku pagebug. Anu geus dikudukeun ditawan, nya dibawa ka tempat tawanan. Anu geus dikudukeun paeh ku perang, nya bakal paeh di pangperangan.
12
Kuil-kuil brahala urang Mesir arek dibasmi ku Kami, diduruk. Brahala-brahalana sina diduruk ku raja Babul, atawa dibawa ka Babul. Ibarat tukang ngangon ngirab-ngirabkeun bajuna sangkan tuma-tumana beresih, raja Babul bakal ngirabkeun Mesir nepi ka beresih, tuluy mulang kalawan unggul.
13
Tugu-tugu batu karamat tanah Mesir di Heliopolis ku raja Babul bakal dibongkaran, kuil-kuil brahala urang Mesir bakal diduruk.”
← Chapter 42
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 44 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50
51
52