bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Jeremiah 52
Jeremiah 52
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 51
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
1
Waktu Sidkia jadi raja Yuda, yuswana dua puluh hiji taun jeung marentahna di Yerusalem meunang sabelas taun. Ari jenengan ibuna Hamutal putra Yermia urang kota Libna.
2
Raja Sidkia ngalampahkeun dosa ka PANGERAN, teu beda ti Raja Yoyakim bae.
3
PANGERAN kacida benduna ka urang Yerusalem jeung Yuda, nepi ka maranehanana disingkirkeun ti payuneuna-Na. Sidkia ngalawan ka Raja Nebukadnesar, raja nagri Babul.
4
Ku sabab kitu Nebukadnesar nyandak balad tuluy nempuh Yerusalem dina tanggal sapuluh bulan sapuluh taun kasalapan pamarentahan Sidkia. Baladna nyarieun pakemahan di luareun eta kota, nyieun tembok-tembok pangepungan di sakurilingna.
5
Eta kota terus dikepung nepi ka taun anu kasabelas pamarentahan Raja Sidkia.
6
Dina tanggal salapan bulan opat taun eta, dina keur meumeujeuhna diamuk ku bahya kalaparan nepi ka rahayat geus teu baroga pisan dahareun,
7
kuta eta kota geus bisa ditorobos ku musuh. Tapi tentara-tentara nagri Yuda kabeh kalabur ti peuting, sanajan sakitu dikepungna oge ku urang Babul. Kalaburna make jalan ka taman karajaan, ngaliwatan gapura nu nyambungkeun tempat patepungna dua kuta, ti dinya terus muru ka Lebak Yordan.
8
Tapi Raja Sidkia diudag ku balad Babul, nepi ka katangkep di hiji tegal deukeut Yeriho, ditaringgalkeun ku sakabeh baladna.
9
Sidkia dibawa ka Raja Nebukadnesar nu keur calik di kota Ribla di wewengkon Hamat, ti dinya anjeunna ku Nebukadnesar ditibanan hukuman.
10
Di Ribla putra-putra Sidkia dipaehan di payuneun Sidkia pisan, kitu deui para pajabat nagri Yuda.
11
Geus kitu Sidkia dicokel socana, tuluy dirante sarta dibawa ka Babul. Di Babulna dipanjara nepi ka pupusna.
12
Dina tanggal sapuluh bulan kalima taun kasalapan Nebukadnesar jumeneng raja di Babul, Nebusaradan, anu jadi jurunasehat raja sarta panglima perang asup ka Yerusalem.
13
Bait Allah, karaton jeung imah jalma-jalma penting di Yerusalem ku manehna dihuru;
14
tembok benteng kotana diruntuh-runtuhkeun ku serdadu-serdaduna.
15
Ti dinya sakur nu araya keneh di eta kota, patukangan anu harirup keneh jeung jalma-jalma anu tadina bariluk ka urang Babul, ku Nebusaradan diakut ka Babul.
16
Tapi ari jalma-jalma anu mariskin di Yuda mah, nya eta nu teu boga nanaon, ku manehna diantep sina caricing di dinya, dititah ngebon anggur jeung melak gandum.
17
Jeung deui urang Babul teh ngancurkeun pilar-pilar tambaga nu di Bait Allah katut papadatianana, nya kitu deui paso tambagana, seug eta tambaga teh diakut kabeh ka Babul.
18
Singkup-singkup jeung wadah lebu paranti ngosokan altar, jeung parabot-parabot paranti meresihan lampu-lampu, baskom-baskom paranti nandean getih sato kurban, parukuyan-parukuyan katut barang-barang parunggu lianna keur kaperluan di Bait Allah, eta oge diarakutan.
19
Kitu deui sagala rupa nu dijieun tina perak jeung emas kayaning: mangkok-mangkok leutik, panci-panci wadah ruhak, mangkok-mangkok wadah getih sato kurban, wadah-wadah lebu, suku-suku lampu, mangkok-mangkok wadah seuseungitan jeung mangkok-mangkok paranti ngawadahan anggur kurban.
20
Barang-barang tambaga beunang ngadamel Raja Suleman pikeun kaperluan Bait Allah, nya eta dua pilar, papadatian, paso gede katut dua belas sasapian pananggeuyna, anu beuratna geus moal bisa ditimbang.
21
Pilar anu dua tea ukuranana sarua luhurna 8 meter, ukuran buleudna 5,3 meter. Kosong di tengahna, kandelna 75 milimeter. Di tungtungna masing-masing aya mamakutaan tina tambaga keneh anu luhurna 2,2 meter sarta di sakurilingna dihias ku anyaman digantungan dadalimaan, kabeh tina tambaga.
23
Dadalimaan anu ngagarantung dina anyaman dina tiap pilar lobana saratus siki. Tapi anu tembong ti handap mah, masing-masing ngan salapan puluh genep.
24
Satuluyna Panglima Nebusaradan nangkep Seraya, Imam Agung, Sepanya imam kadua jeung tilu urang deui pajabat penting Bait Allah.
25
Ti jero kota anu ditangkep teh nya eta panglima pasukan-pasukan, tujuh urang juru nasehat pribadi raja nu araya keneh di kota, sarta wakil panglima purah nyatetkeun laporan katentaraan, jeung genep puluh jelema penting sejenna.
26
Ku Nebusaradan maranehna dibawa ka raja Babul nu keur calik di kota Ribla,
27
di wewengkon Hamat. Maranehna di dinya ku raja disiksa nepi ka maraotna. Jadi urang Yuda teh diakut ka pangbuangan.
28
Jalma-jalma anu ditawan jeung diboyong ku Nebukadnesar teh kieu berendelanana: dina taun katujuh jadina raja, anjeunna ngaboyong 3.023 urang;
29
dina taun kadalapan belas, 832 urang ti Yerusalem;
30
dina taun kadua puluh tilu 745, diboyongna ku Nebusaradan. Jumlah anu dibaroyong teh kabehna 4.600 urang.
31
Sanggeus Yoyakin raja Yuda dipanjarana di pangbuangan meunang 37 taun, dina tanggal dua puluh lima bulan kadua belas taun eta, meunang piwelas ti Ewil Merodak raja Babul gaganti Raja Nebukadnesar, sarta dikaluarkeun ti jero panjara.
32
Ewil Merodak hade pisan ka anjeunna sarta maparin kalungguhan nu leuwih mulya ti batan anu dipaparinkeun ka raja-raja sejenna anu dibaroyong ka Babul jeung anjeunna.
33
Ku kituna Yoyakin diidinan ngaganti papakean panjarana ku papakean biasa sarta saumur hirupna meunang tuang sameja jeung raja.
34
Saumur hirupna kaperluan sapopoena dicukup ku raja.
← Chapter 51
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50
51
52