bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Jeremiah 12
Jeremiah 12
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 11
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 13 →
1
”Nun PANGERAN, upami abdi ngadu ka Gusti, tangtos Gusti anu leres. Nanging ayeuna abdi gaduh piunjuk, seja tumaros perkawis kaadilan. Naon margina anu jarahat baleunghar? Naon margina anu teu jalujur harasil maksud?
2
Ibarat tangkal, maranehna ku Gusti dipelak, alakaran sareng baruahan. Gusti ku maranehanana sering disebat-sebat, padahal hatena mah ka Gusti teh api lain.
3
Gusti uninga ka abdi, kumaha lampah abdi, sareng kumaha nyaahna abdi ka Gusti. Mugi eta jalmi-jalmi ku Gusti digusur, sapertos domba anu bade dipeuncit, dijaga dongkap ka dipeuncitna.
4
Bade sabaraha pilamieunana ieu tanah disina garingna? Bade sabaraha lamina jukut-jukut di pangangonan jadi perang? Manuk sareng sasatoan pararaeh, lantaran kajahatan bangsa abdi, anu ngaromong, ’Moal uningaeun Allah teh kana kalakuan urang.’ ”
5
Timbalan PANGERAN, ”Yermia, lamun balap jeung jelema maneh geus cape, komo lamun balap jeung kuda. Lamun di jero kota geus ngarasa hariwang, komo lamun di leuweung sisi Walungan Yordan.
6
Dulur-dulur jeung baraya-baraya maneh hianat, ka maneh rek nyilakakeun. Sanajan ka maneh alus ngomongna, maneh ulah percaya.”
7
PANGERAN nimbalan, ”Israil ku Kami geus ditinggalkeun. Anu bareto ku Kami dipilih, ayeuna dipiceun. Anu bareto dipikanyaah, ayeuna rek diselehkeun ka musuhna.
8
Eta umat pilihan Kami teh ngalawan ka Kami, mani kawas singa di leuweung, ka Kami wani tinggalaur, nu matak Kami teh ijid.
9
Umat pilihan Kami teh sina jadi kawas manuk anu dibintihan ku heulang-heulang ti kenca ti katuhu. Sakalian kumpulkeun sato-sato galak, sina marilu ngarecah awakna.
10
Loba pangereh-pangereh urang asing anu ngaruksak kebon anggur Kami. Kebon Kami ku maranehna dilaleyekan; tanah Kami anu alus ku maranehna dijadikeun gurun keusik.
11
Ku maranehna dijadikeun tanah gundul, jadi tanah pikasediheun hareupeun Kami. Sakuliahna geus jadi gurun keusik, taya anu malire.
12
Pada ngaranjah ku jalma-jalma anu holna ti peuntaseun gurun keusik di pagunungan. Sakuliahna ku Kami dibasmi ku perang, taya jalma anu hirupna aman di dinya.
13
Umat Kami melak gandum, nu kaala jukut. Digarawe hese cape, taya beubeunanganana. Pepelakanana ku Kami diruksak, bakating Kami jengkel kabina-bina.”
14
PANGERAN nimbalan, ”Kami aya dawuhkeuneun ka tatangga urang Israil, anu geus ngaruksak tanah pusaka ti Kami ka urang Israil. Eta jelema-jelema anu jarahat teh ku Kami baris dipiceun ti nagara-nagarana, kawas ngarabut pepelakan; ari Yuda ku Kami baris dileupaskeun tina genggeman maranehanana.
15
Tapi sanggeusna dipiceun, ku Kami rek dipikarunya deui. Unggal bangsa ku Kami baris dipulangkeun deui ka lemah caina, ka nagarana masing-masing.
16
Upama daraekeun narima kapercayaan anu dianut ku umat Kami kalawan satemenna, sarta sumpah, ’Demi Allah anu jumeneng’ — cara maranehna tadina ngajar umat Kami, sumpah demi Dewa Baal — maranehna oge bakal diangkat jadi umat Kami, sarta hirupna bakal sarenang.
17
Sabalikna upama aya bangsa anu embung nurut, ku Kami tangtu dirabut jeung dibasmi nepi ka beak. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
← Chapter 11
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 13 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50
51
52