bible
ra
🌐 Language
English
Español
Français
Deutsch
Português
Italiano
Nederlands
Русский
中文
日本語
한국어
العربية
Türkçe
Tiếng Việt
ไทย
Indonesia
All Languages
Home
/
Sundanese
/
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
/
Jeremiah 42
Jeremiah 42
Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
← Chapter 41
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 43 →
1
Para kapala perjurit, Yohanan bin Kareah, Asarya bin Hosaya jeung jalma tea ti sagala lapisan, maranggihan kaula, ngasongkeun pamenta, pokna,
2
”Abdi sadaya gaduh panuhun, mugi Bapa kersa ngabulkeun. Nyuhunkeun dipangnedakeun ka PANGERAN Allah urang. Pangnedakeun ieu rahayat anu mung kantun sakieu sesana, padahal kapungkur sakitu seueurna, Bapa oge tingali.
3
Pangnedakeun pituduh ka PANGERAN, abdi-abdi kedah kumaha, sareng kedah ka mana.”
4
”Heug,” walon kaula, ”pamenta aranjeun ku Bapa urang unjukkeun ka PANGERAN Allah urang. Kumaha pangandika-Na engke, ku Bapa tangtu dibuka, moal aya nu disidem.”
5
Carek maranehna, ”PANGERAN ku manten anu baris jadi saksi satuhu sareng satemenna, upami abdi-abdi henteu tumut kana pangandika PANGERAN Allah urang anu katampi ku Bapa kanggo abdi-abdi.
6
Bade genah bade henteu, pangandika-Na bade ditampi. Abdi-abdi sumeja tumut ka PANGERAN Allah urang. Nu mawi ka Bapa nyuhunkeun dipangnedakeun ka Mantenna oge tangtos sagala pangersa-Na bade ditumutkeun, supados jamuga.”
7
Sapuluh poe ti harita, PANGERAN ngandika ka kaula.
8
Seug Yohanan, para kapala perjurit jeung jalma rea ku kaula disina kumpul.
9
Geus kitu ceuk kaula, ”Bapa dipentaan tulung ku aranjeun, mangnyuhunkeun pituduh ka PANGERAN Allah Israil. Kieu timbalana-Na,
10
’Upama maraneh tetep maratuh di ieu tanah, ku Kami maraneh baris diajegkeun, moal diruntuhkeun; maraneh bakal tumuwuh sarta ku Kami moal dirabut. Sabab Kami ngarasa kacida hanjakalna geus nyilakakeun bangsa maraneh.
11
Geus, ulah sarieun ku raja Babul. Ku Kami maraneh rek disarengan, sangkan salamet tina kakawasaanana.
12
Kami anu sipat welas asih, rek ngersakeun sangkan raja Babul karunyaeun ka maraneh, ngidinan maraneh mulang ka nagri maraneh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.’
13
Nu matak aranjeun anu araya keneh di tanah Yuda, ulah henteu narurut ka PANGERAN Allah aranjeun, yen kudu maratuh di tanah ieu. Sabab upama ceuk aranjeun, ’Mending ka Mesir, di ditu mah moal nenjo-nenjo deui perang atawa ngadenge sora tarompet nu nyalukan perang, jeung moal kalaparan,’ kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, ’Upama maraneh keukeuh arindit ka Mesir sarta maratuh di ditu,
16
perang anu ku maraneh dipikagimir teh tangtu ngudag ka ditu, bahla kalaparan anu ku maraneh dipikarisi tangtu ngaberik maraneh ka Mesir. Maraneh tangtu paraeh di Mesir.
17
Jadi saha anu keukeuh ka daritu tangtu paraeh, mun teu ku perang tangtu ku kalaparan atawa ku pagebug. Saurang ge moal aya anu hirup, moal barisa luput tina bahla anu ku Kami rek didatangkeun ka dirina.’
18
Kieu deui timbalan PANGERAN Allah Israil, ’Sakumaha Kami geus ngabudalkeun amarah jeung kajengkel ka urang Yerusalem, ka maraneh oge upama keukeuh arindit bae ka Mesir, amarah Kami tangtu budal. Nasib maraneh bakal pikagilaeun batur, bakal pada moyok, pada ngahina, sarta ngaran maraneh bakal diparake sasapaan ku batur. Maraneh moal nenjo-nenjo deui tanah ieu.’ ”
19
Ceuk kaula deui, ”Aranjeun nu araya keneh di Yuda ku PANGERAN geus dilarang supaya ulah arindit ka Mesir. Ku sabab kitu ayeuna Bapa ngelingan,
20
mun ka daritu teh salah kabina-bina, matak tiwas. Aranjeun geus muntang ka Bapa menta dipangnedakeun ka PANGERAN. Geus jarangji rek nurut kana sagala timbalana-Na.
21
Geus cukup Bapa ngingetan, tapi aranjeun teu narurut bae kana timbalan PANGERAN Allah urang anu diandikakeun ka Bapa.
22
Ku sabab eta masing aringet: Aranjeun tangtu tumpur di ditu, di nagri anu ku aranjeun dipicangcam. Lamun teu tumpur ku perang tangtu tumpur ku pagebug atawa ku kalaparan.”
← Chapter 41
Jump to:
Chapter 1
Chapter 2
Chapter 3
Chapter 4
Chapter 5
Chapter 6
Chapter 7
Chapter 8
Chapter 9
Chapter 10
Chapter 11
Chapter 12
Chapter 13
Chapter 14
Chapter 15
Chapter 16
Chapter 17
Chapter 18
Chapter 19
Chapter 20
Chapter 21
Chapter 22
Chapter 23
Chapter 24
Chapter 25
Chapter 26
Chapter 27
Chapter 28
Chapter 29
Chapter 30
Chapter 31
Chapter 32
Chapter 33
Chapter 34
Chapter 35
Chapter 36
Chapter 37
Chapter 38
Chapter 39
Chapter 40
Chapter 41
Chapter 42
Chapter 43
Chapter 44
Chapter 45
Chapter 46
Chapter 47
Chapter 48
Chapter 49
Chapter 50
Chapter 51
Chapter 52
Chapter 43 →
All chapters:
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
41
42
43
44
45
46
47
48
49
50
51
52